Tata Wangun Kecap
Tata Wangun Kecap
Kecap Asal (Kata Dasar) adalah kata yang belum diberi rarangkén (imbuhan)
Di bawah contoh kata-kata yang termasuk Kecap Asal dan Kecap Rundayan:
Kecap Asal
Gedé | Besar
Bener | Benar
Pinter | Pintar
Leutik | Kecil
Cicing | Diam
2. KECAP RUNDAYAN (KATA TURUNAN)
Kecap rundayan téh nyaéta kecap anu wangun dasarna geus dirarangkénan.
Kecap Rundayan (Kata Turunan) adalah kata yang sudah diberi rarangkén.
Garedé | Besar-besar
Balener | Semua benar
Palinter | Pintar-pintar
Laleutik | Kecil-kecil
Caricing | Semua diam
1
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
Rarangkén dina basa Sunda téh kabéhanana aya opat, nyaéta: rarangkén hareup (afiks
atawa awalan): rarangkén tengah (infiks atawa sisipan); rarangkén tukang (sufiks atawa
akhiran); jeung rarangkén barung (konfiks).
1) Rarangkén Hareup
Rarangkén hareup nyaéta rarangkén anu ngantét hareupeun wangun dasarna.
Rarangkén hareup dina basa Sunda nyaéta: ba-, barang-, di-, ka-, N-, pa-, pada-,
pang-, para-, per-, pi-, sa-, sang-, si-, silih/sili-, ti-, ting/pating-.
2) Rarangkén Hareup ba-
Conto kecap dina kalimah: “Pa Haji Rahmat milu bajoang ngarebut kamerdékaan.”
Gunana rarangkén hareup ba- pikeun ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu
hartina ‘ngalakukeun…’
Conto séjéna: balayar, badarat, barempug.
3) Rarangkén Hareup barang-
“Kuring mah ka dieu téh lain rék barangpénta.”Gunana rarangkén hareup barang-
ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ngalakukeun pagawéan anu teu
tangtu atawa teu puguh objékna’.Conto séjénna: barangbeuli, baranginjeum,
barangdahar.
4) Rarangkén Hareup di-
Guna jeung harti rarangkén hareup di-, di antarana:
“Poé ieu mah kuring rék digawé nepi ka peuting.”Rarangkén di- dinya gunana
ngawangun kecap pagawean (aktif) nu hartina ‘ngalakukeun …’.
Conto séjéna: diajar, didamel.
“Lamun rék ka masjid kudu dikopéah atuh.”Rarangkén di- di nya gunana
ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘maké’ ….
Conto séjénna: dibaju, dikabaya, disapatu, didasi.
Catatan :
kata yang termasuk Kecap Asal dan Kecap Rundayan di atas dibedakan oleh ada tidaknya
rarangkén tengah –ar- atau –al-. Kecap Asal di atas belum diberi rarangkén tengah –ar-
atau –al-, sedangkan Kecap Rundayan di atas sudah diberi rarangkén tengah –ar- atau –
al-.
2
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
3. KECAP RAJEKAN(KATA ULANG)
Kecap rajékan ( kata ulang ) nyaéta kecap anu wangunna disebut dua kali atawa
leuwih, boh sabagian atawa sagamblengna (seluruhnya).
Kata ulang adalah kata yang bentuknya disebut dua kali atau lebih, baik
sebagian ataupun seluruhnya.
Kecap Rajekan dibagi jadi dua pasingan, nya éta Rajékan Dwilingga jeung Rajékan
Trilingga.
a. Rajekan Dwilingga
Rajekan Dwilingga nyaeta kecap anu dirajék sakabéhna. ( Kata yang diulang
semuanya. ) Nu kaasup kana Rajékan Dwilingga di antarana:
1. Kecap rajékan dwipurwa
Kecap anu dirajékna engang mimiti. ( Kata yang diulang suku kata awal )
Conto :
Dupak : dudupak
Sentak : sesentak
2. Kecap rajékan dwimadya
Kecap anu dirajékna engang di tengah. ( Kata yang diulang suku kata di
tengah )
Conto :
Sapeuting: sapeupeuting
Sabaraha: sababaraha
3. Dwimurni
Kecap anu dirajék sagamblengna bari teu dirobah sorana. ( Kata yang diulang
semuanya tapi tida diubah suaranya )
Conto :
Budak : budak-budak
Leutik : leutik-leutik
4. Dwiréka
Kecap anu dirajék sagamblengna bari robah sorana. ( Kata yang diulang
seluruhnya sambil berubah suaranya )
Conto:
Balik : bulak-balik
Lieuk : luak-lieuk
3
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
Paling : pulang paling.
Ilik : ulak-ilik.
Cileuk : culak-cileuk.
Tenjo : tunja-tenjo.
Sepak : supak-sepak.
Tulang : tulang-taleng.
b. Rajekan Trilingga
Kecap rajékan trilingga nyaeta kecap anu dirajék tilu kali bari ngarobah sora.
Ilaharna kecap anu dirajék téh ngan ukur saengang. ( Kata yang diulang tiga kali
juga mengubah suara. Biasanya kata yang diulang hanya satu suku kata)
Conto:
Dug : dag-dig-dug
Pek : pak-pik-pek
Dor : dar-der-dor
Bek = bak bek bok.
Wak = wak wek wok.
Nong = nang neng nong.
Trang = trang treng trong.
4. KECAP KANTETAN
Kecap Kantetan nyaeta kecap anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih
anudikantetkeun sarta ngandung harti mandiri anu beda jeung unsur-
unsurpangwangunana. Kecap kantetan dibedakeun jadi dua rupa, nya eta :
1) Kecap Kantetan Rakitan Dalit (komposium)
Ciri-cirina :
- Unsur-unsurna can awor pisan,
- Nulisna dikantetkeun
Contona : Panonpoe, mataholang, kacapiring (nama pohon), parahulu, rajakaya (harta
bersama) jrrd.Kecap Kantetan
2) Rakitan Anggang (aneksi)
Ciri-cirina :
- Unsur-unsurna can awor (nyebar) pisan,
- Harti eta kecapkantetan masih keneh bisa dititenan tina unsur-unsur
pangwanguna,
- Nulisna dipisahkeun.
4
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
Contona : koneng gede, kacang panjang, indung bapa, mata simeuteun (mata
melotot), pondoklengkah, kamar mandi, gede hulu.
5. KECAP WANCAHAN (SINGKATAN)
Kecap wancahan nyaeta kecap nu mangrupa singgetan (singkatan) tina kecap sejen,
mangrupa kecap anu meunang mondokeun boh tina sakecap bih sababaraha kecap.
Kecap wancahan dibedakkeun jadi 3 nyaeta :
1) Kecap sirnaan
Kecap sirnaan nyaeta kecap wancahan anu diwangun tina hiji kecap tapi teu
ngarobah harti na.
- Sirnapurwa = ngaleungitkeun fonem / engang awal
Conto :
Adhyaksa = jaksa
Umilu = milu
Enggeus = geus
- Sirnamadya = ngaleungitkeun fonem / engang tengah
Conto :
Bandrol = banrol
Niyata = nyata
Sambara = samara
- Sirnawekas = ngaleungitkeun fonem / engang tungtung
Conto :
Benzene = bensin
Ons = on
2) Kecap Singgetan
Kecap singgetan nyaeta kecap wancahan (singkatan) anu meunang nyingget tinu
sakecap atawa runtuyan (berturu-turut) kecap-kecap.
Conto :
Berseka = bersih sehat kayungyun
Il = ilikan
Jsb = jeung sajabana
Kades = kepala desa
3) Kecap Tingkesan
Kecap tingkesan (ringkasan) yaeta kecap wancahan anu diwangun ku jalan
ngaleungitkeun sabagian kecap / frasa bari teu ngarobah harti asalna.
5
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
Conto :
Atuhda = atuda
Dewek mah = dekah
Kumaha anjeun = kajeun
Mahardika = merdeka
Conto :
- Cireng -> aci digoreng
- Cilok -> aci dicolok
- Cimol -> aci dimolek
- Combro -> oncom dijero
- Psicok -> pisang coklat
- Colenak -> dicocol enak
- Sukro -> su’uk dijero
- Misro -> amis dijero
- Nasgor -> nasi digoreng
- Cilung -> aci digulung
6
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
BAB II
Bedana tembang jeung kawih téh, ari tembang mah nu di tembangkeunana téh
guguritan, jadi kauger ku aturan-aturan pupuh. Jeung deui ari tembang mah dipirig ku kacapi
jeung suling, tara dipirig ku parabot anu séjén. Nu nembangna nya tukang tembang.Ari
kawih, nu dikawihkeunana sair atawa sajak. Pamirigna biasana rebab, kendang, gamelan,
goong jeung sajabana, saperti dina kiliningan. Sawaréhna aya ogé anu dipirig ku kacapi jeung
suling.Kakawihan nyaeta kawih nu osok di haleuangkeun ku barudak leutik mun keur arulin.
Kakawihan nyaeta lalaguan sunda anu sok dihaleungkeun ku barudak bari jeung ulin. Pupuh
nyaeta karya sastra anu bentukna puisi.
Lagu-lagu klasik saperti Buah Kawung, Sorban Palid, Daun Pulus, Banondari jeung
séjén-séjénna, éta kaasup kawih. Tukang ngawihna disebut Juru Kawih atawa
Sindén.Nembang sok disebut lemesna : Mamaos. Padahal mamaos mah lemesna tina
nembang maca.
A. KAWIH
Ieu di handap sababaraha conto kawih :
Karatagan Pahlawan
Teu honcéwang sumoréang
Tékadna Pahlawan Bangsa
Cadu mundur pantang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tegang pati
Taya basa ménta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdéka
Sinatria Danalaga
Béla bangsa jeung nagara
Dibarengan tekad suci
Berjuang keur lemah cai
Teu ngingetkeun ka dirina
Asal nagri bangsa waluya
Kadar jembar merdéka mukti wibawa
Dasar tujuan Pahlawan Bangsa
7
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
Karatagan Pahlawan alus dikawihkeun rampak sekar (koor) maké 2 sora.
Sabilulungan
Sabilulungan dasar gotong royong
Sabilulungan sipat silih rojong
Sabilulungan genténg ulah potong
Sabilulungan persatuan témbong (katémbong)
Tohaga, rohaka, teguh tanggoh perbawa sabilulungan
Sadia, sajiwa segut singkil ngabasmi pasalingsingan
Sabilulungan silih pikahéman
Sabilulungan hirup sauyunan
Sabilulungan gawé babarengan
Sabilulungan jadi kauntungan (kauntungan)
Tohaga, rohaka, teguh tanggoh perbawa sabilulungan
Sadia, sajiwa segut singkil ngabasmi pasalingsingan
Ririungan
Ririungan urang karumpul
Meungpeung deukeut hayu urang sosonoan
Macangkrama urang ngawadul
Urang silih tempas silih élédan
8
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
Pupuh téh nyaéta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa, katelah ogé
macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Pupuh téh kauger ku
guru wilangan jeung guru lagu.
Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan dina unggal pada sarta lobana engang
dina unggal padalisan, sedengkeun guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung
unggal padalisan atawa dang-ding-dung-na sora vokal dina engang panungtung.
Rupa-rupa Pupuh
Pupuh Sunda kabéhna aya tujuh belas (17). Aya nu kaasup sekar ageung (wanda laguna
rupa-rupa) nya éta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (mindeng
disingket jadi KSAD), sarta sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaéta Balakbak,
Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Lambang, Ladrang, Magatru, Maskumambang,
Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong. Unggal Pupuh miboga ugeran guru wilangan
jeung guru lagu sarta watek séwang-séwangan.
1. Pupuh Kinanti
Kecap kinanti bisa jadi asalna tina kecap anti anu hartina dago atawa kanti anu
hartina barang. Pupuh Kinanti ngagambarkeun jalma anu keur nungguan,
deudeupeun, atawa kanyaah. Jumlah padalisan dina sapada aya genep padalisan. Guru
wilangan jeung guru lagu pupuh kinanti nyaéta: 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i. Conto
pupuh kinanti:
Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
Néangan nu amis-amis
Sarupaning bungbuahan
Naon baé nu kapanggih
2. Pupuh Sinom
Kecap sinom asalna tina basa Sangsekerta sinwam anu hartina pucuk asem. Pupuh
Sinom ngagambarkeun rasa gumbira atawa kadeudeuh. Jumlah padalisan dina sapada
aya salapan padalisan Guru wilangan jeung guru lagu pupuh sinom nyaéta: 8-a, 8-i, 8-
a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a. Conto pupuh sinom:
Warna-warna lauk émpang
Aya nu sami jeung pingping
Pagulung patumpang-tumpang
Ratna Rengganis ninggali
9
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
Warnaning lauk cai
Lalawak pating suruwuk
Sepat pating karocépat
Julung-julung ngajalingjing
Sisi balong balingbing, sisi balungbang
3. Pupuh Asmarandana
Kecap asmarandana asalna tina basa Sangsekerta smara anu hartina birahi jeung
dahana anu hartina seuneu. Jadi harti kecap asmarandana téh nyaéta seuneu birahi.
Pupuh Asmarandana ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, atawa nyaah.
Jumlah padalisan dina sapada aya tujuh padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu
pupuh asmarandana:
Éling éling mangka éling
rumingkang di bumi alam
darma wawayangan baé
raga taya pangawasa
lamun kasasar lampah
4. Pupuh Dangdanggula
Pupuh Dangdanggula ngagambarkeun rasa katengtreman, kawaasan, kaagungan,
atawa kagumbiraan. Jumlah padalisan dina sapada aya sapuluh padalisan. Guru
wilangan jeung guru lagu pupuh dangdanggula nyaéta: 10-i, 10-a, 8-é/o, 7-u, 9-i, 7-a,
6-u, 8-a, 12-i, 7-a. Conto pupuh dangdanggula:
Méga beureum surupna geus burit
Ngalanglayung panas pipikiran
Cikur jangkung jahé konéng
Naha teu palay tepung
Sim abdi mah ngabeunying leutik
Ari ras cimataan
Gedong tengah laut
Ulah kapalang nya béla
Paripaos gunting pameulahan gambir
Kacipta salamina
5. Pupuh Balakbak
10
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
Pupuh balakbak ngagambarkeun heureuy atawa banyol. Jumlah padalisan dina sapada
aya tilu padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh balakbak nyaéta: 15-é atawa
12+3-é, 15é atawa 12+3-é, 15-é atawa 12+3-é. Conto pupuh balakbak:
Aya warung sisi jalan ramé pisan – Citaméng
Awéwéna luas luis geulis pisan – ngagoréng
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyét – nyanggéréng
6. Pupuh Durma
Durma téh hartina maung. Pupuh Durma ngagambarkeun rasa ambek,gedé hate,
sumanget. Jumlah padalisan dina sapada aya tujuh padalisan. Guru wilangan jeung
guru lagu pupuh durma nyaéta: 12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i. Conto pupuh durma:
Moal ngejat sanajan ukur satapak
Geus dipasti ku jangji
Mun tacan laksana
Numpes musuh sarakah
Henteu niat seja balik
Najan palastra
Mati di médan jurit
7. Pupuh Gambuh
Gambuh téh hartina loba luang. Pupuh Gambuh ngagambarkeun tambuh laku, samar
polah, atawa bingung. Jumlah padalisan dina sapada aya lima padalisan. Guru
wilangan jeung guru lagu pupuh gambuh nyaéta: 7-u, 10-u, 12-i, 8-u, 8-o. Conto
pupuh gambuh:
Ngahuleng banget bingung
henteu terang ka mana ngajugjug
turug turug harita téh enggeus burit
panon poé geus rék surup
keueung sieun aya méong
8. Pupuh Gurisa
Gurisa téh hartina pikaseurieun. Pupuh Gurisa ngagambarkeun jalma anu keur
ngalamunatawa malaweung. Jumlah padalisan dina sapada aya dalapan padalisan.
Guru wilangan jeung guru lagu pupuh gurisa nyaéta: 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a,
8-a. Conto pupuh gurisa:
11
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
Hayang teuing geura beurang
geus beurang rék ka Sumedang
nagih anu boga hutang
mun meunang rék meuli soang
tapi najan henteu meunang
teu rék buru buru mulang
rék tuluy guguru nembang
jeung diajar nabeuh gambang
9. Pupuh Juru Demung
Pupuh Jurudemung ngagambarkeun rasa kaduhung atawa hanjakal. Jumlah padalisan
dina sapada aya lima padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh jurudemung
nyaéta:
8-a, 8-u, 6-i, 8-a, 8-u. Conto pupuh jurudemung:
Mungguh nu hirup di dunya
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti panggih
Jeung dua rupa perkara
Senang paselang jeung bingung
10. Pupuh Lambang
Pupuh Lambang ngagambarkeun ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya
pikiraneunana. Jumlah padalisan dina sapada aya opat padalisan. Guru wilangan
jeung guru lagu pupuh lambang nyaéta: 8-a,8-a, 8-a, 8-a. Conto pupuh lambang:
Nawu kubang sisi tegal
nyair bogo meunang kadal
atuh teu payu dijual
rék didahar da teu halal
11. Pupuh Ladrang
Pupuh Ladrang ngagambarkeun nu resep banyol. Jumlah padalisan dina sapada aya
opat padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh ladrang nyaéta: 10-i, 8-a atawa
4-a (2x), 8-i, 12-a. Conto pupuh ladrang:
Aya hiji rupa sato leutik
Éngkang-éngkang, éngkang-éngkang
Sok luluncatan di cai
Ari bangun arék sarupa jeung lancah
12
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
12. Pupuh Magatru
Pupuh Magatru ngagambarkeun lulucon ngeusi atawa prihatin. Jumlah padalisan dina
sapada aya lima padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh magatru nyaéta: 12-
u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o. Conto pupuh magatru:
Peuyeum sampeu dagangan ti Rancapurut
Dijual dua saduit
Dibungkusan daun waru
Dituruban daun jati
Katuangan anu ompong
13. Pupuh Maskumambang
Pupuh Maskumambang ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté. Jumlah
padalisan dina sapada aya opat padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh
Maskumambang nyaéta: 12-i, 6-a, 8-i, 8a. Conto pupuh maskumambang:
Duh manusa mana kaniaya teuing
teu aya rasrasan
abong ka mahluk nu laip
nyiksa henteu jeung aturan
14. Pupuh Mijil
Pupuh Mijil ngagambarkeun kasedih, tiiseun atawa cilaka. Jumlah padalisan dina
sapada aya genep padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh mijil nyaéta: 10-i,
6-o, 10-é, 10-i, 6-i, 6-u. Conto pupuh mijil :
Mesat ngapung putra sang Arimbi
Jeung méga geus awor
Beuki lila beuki luhur baé
Larak-lirik ningali ka bumi
Milari kang rayi
Pangeran Bimanyu
15. Pupuh Pangkur
Pangkur téh hartina ditinggalkeun atawa tonggong. Pupuh Pangkur ngagambarkeun
rasa ambek nu kapegung, lulampah, atawa sadia rék perang. Jumlah padalisan dina
sapada aya tujuh padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh pangkur nyaéta: 8-
a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-i. Conto pupuh pangkur:
Seja nyaba ngalalana
ngitung lembur ngajajah milang kori
13
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
henteu puguh nu dijugjug
balik paman sadaya
nu ti mana tiluan semu rarusuh
Lurah Begal ngawalonan
“Aing ngaran Jayapati”
BAB III
KAPARIGELAN BERBAHASA
(PINTAR BERBAHASA)
15
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
f. Upayakeun ngamukakeun ide-ide atawa informasi tambahan keur ngajelaskeun ide
utama.
g. Upayakeun wacana berhubungan sacara serasi sangkan nu ngadangukeun babari
nurutkeun panyatur.
3. Maca
Maca teh mangrupa kagiatan (proses) anu tujuanna pikeun nengetan maksud nu nulis,
boh maksud anu sajalantrahna, ‘tersurat’ atawa maksud anu aya di satukangeun
kalimah-kalimahna, ‘tersirat”. Kagiatan macana bisa make sora bisa oge ukur dina jero
hate. Aya genep kagiatan maca anu perlu diajarkeun di sakola dasar nyaeta:
1) maca teknik,
2) maca dina jero hate
3) maca basa, membaca bahasa
4) maca buku pustaka
5) maca gancang, jeung
6) maca estetis
Pedaran Pangajaran Maca
1) Maca Teknik
Sakumaha di pedar di luhur maca teknik teh nyaeta kagiatan maca vokal.
Ringkesnamah nyaeta ngalisankeun bacaan. Dina kagiatan maca saperti kieu
diperlukeun tilu komponen nyaeta nu macakeun, nu ngabandungan, jeung bahan
bacaan. Numutkeun Tarigan (1986: 23)dina maca teknik diperlukeun dua kaparigelan
nyaeta,
a. Melek kana aksara jeung tanda-tanda baca
b. Ngalisankeun bacaan
Kaparigelan anu kudu dilatih hususna di kelas hiji jeung kelas dua nyaeta lafal atawa
cara ngucapkeun hiji sora, ngucapkeun kalimah boh wawaran, pananya, atawa
pangajak. Di sagedengeun eta perelu oge dilatih gancang jeung ancana maca, volume
sora oge kalantaran macana.
2) Maca dina Jero Hate
Dina kanyataan hirup sapopoe mah maca dina jero hate kacida pisan pentingna.
Ampir kabeh kagiatan maca anu lumangsung dina kahirupan ngagunakeun maca di
jero hate, iwal ti budak anu masih keneh can lancer macana anu unggal maca teh kudu
wae digorolangkeun. Ku sabab kitu aya nu nganggap yen maca jero hate, maca
pikeun jalma anu geus dewasa. Pamanggih kitu teh tangtu teu sapinuhna bener taqpi
16
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
umumna mah benerna eta pamanggih teh bisa katangenan (kabandungan) dina hirup
kumbuh sapopoe.
Waktu maca jero hate nu maca ngagunakeun panon jeung ingetan.. Pikeun barudak
sakola dasar mah kagiatan model kieu kaasup kagiatan anu teu pati babari
dilaksanakeun hususna di kelas tilu jeung kelas opat sabab biasana barudak dina
umur sakitu mah apan keur meujeuhna ngopepang.
Dina pangajaran maca di sakola dasar, hal-hal penting anu kacida pisan kudu
diperhatikeun ku guru nyaeta
a. Biasakeun maca teu make sora, haharewosan, atawa kunyam-kunyem
b. Biasakeun museurkeun ingetan kana bacaan
c. Biasakeun nyaritakeun atawa nuliskeun deui eusi bacaan nurutkeun wanda nu
maca.
Pikeun nmganyahoankeun (gontrol)naha budak teh keur maca bari museurkeun
ingetan atwa ngalamun guru hadena mere sababaraha soal pertanyaan bacaan.
3) Maca Basa
Maca basa teh sabenerna kaasup oge kana maca dina jero hate, hartina dina maca basa
teh teu kudu make sora. Pangajaran maca basa teh geus mimiti diajarkeun di kelas
tilu. Tujuan utamana nyaeta pikeun ningkatkeun pangaweruh basa anu engkena bisa
digunakeun pikeun ningkatkeun kaparigelan ngagunakeun basa, boh tinulis atawa
lisan. Upama diwincik mah tujuan maca basa teh saperti kaunggel di handap ieu:
a. Nambahan pangaweruh kabeungharan kecap
b. Nambahan pangaeruh dina cara ngantetkeun kecap (morfologi)
c. Nambahan pangaweruh dina tata cara ngawangun kalimah (sintaksis)
d. Nambahan pangaweruh ngeunaan cara nulis. Upamana wae cara nulis
(nempatkeun) huruf gede, ngalarapkeun tanda baca, kata majemuk (?) jeung
sajabana
4) Maca Pustaka
Maca pustaka ngandung harti maca bahan-bahan bacaan anu aya di perpustakaan. Jadi
bahan anu di bacana teh lain bahan anu aya dina buku teks wajib, gunana nyaeta bisa
dipake nyuluran kagiatan di kelas anu kaganggu ku acara-acara anu teu bisa di
tinggalkeun contona rapat guru, upacara, jeung sababna .
Maca pustaka ngabogaan mangfaat anu jembar, pangpangna mah pikeun ngalegaan
wawasan (heunteu cupet, kurung batok) oge pikeun numuwuhkeun rasa estetis ku
jalan maca bacaan-bacaan sastra. Jadi, maca pustaka teh bisa oge di adumaniskeun
17
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
jeung maca estetis tapi tangtu wae kudu milih tempat anu merenah, ulah nepi ka
ngaganggu batur anu keur maca.
Maca nyaéta kaparigelan reséftif basa tulis. Aya sawatara kaparigelan mikro keur
urang maca, diantarana:
a. Ngenal sistem tulisan anu digunakeun.
b. Ngenal kosakecap.
c. Nentukeun kecap-kecap konci nu ngidénifikasi topik jeunggagasan utama.
d. Nangtukeun kecap anu kaasup kosa kecap split.
e. Ngenal kelas kecap gramatikal.
f. Nangtukeun konstituén-konstituén dina kalimah.
g. Ngenal bentuk-bentuk sintaksis.
h. Nyimpulkeun situasi, tujuan-tujuan jeung partisipan.
i. Ngagunakeun alat kalengkepan kohésif léksikal jeung gramatikal.
j. Ngabédakeun ide utama.
k. Ngagunakeun stratégi maca anu béda keur tujuan maca anu béda-béda.
4. Nulis
Nulis nyaéta kaparigelan produktif jeung ngagunakeun tulisan. Aya sawatara
kaparigelan mikro keur urang nulis, diantarana:
a. Ngagunakeun otografi kudu bener.
b. Milih kecap anu hadé.
c. Ngagunakeun bentuk kecap anu bener.
d. Nurutkeun kecap-kecap anu bener.
e. Ngagunakeun struktur kalimah anu tepat.
f. Milih génre tulisan anu tepat.
g. Ngupayakeun ide atawa gagasan utama kalayan jelas.
h. Ngupayakeun ayana paragraf jeung sakabeh tulisan kohérén.
i. Nyieun dugaan ti sababaraha pengetahuan anu dipiboga ku pamaca.
Catur tunggal, diantarana:
1) Kaparigelan ngaregepkeun.
2) Kaparigelan nyarita.
3) Kaparigelan maca.
4) Kaparigelan nulis.
Hubungan antara catur tunggal kaparigelan
Hubungan antara ngaregepkeun jeung nyarita:
18
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
a. Ucapan biasana diajar ngaliwatan ngaregepkeun jeung niru.
b. Kecap-kecap nu rék dipaké
c. biasana ditangtukeun ku perangsang anu ditimukeun jeung kecap-kecap dina
nyampékeun gagasanna.
d. Ucapan budak nyerminkeun pamaké
e. basa di imah jeung di masarakat tempatna hirup.
f. Budak leutik leuwih gancang maham kana kalimah-kalimah anu leuwih panjang
jeung hésé
g. katimbang kalimah anu bisa diucapkeunna.
h. Ningkatkeun kaparigelan ngaregepkeun berarti ngabantu ningkatkeun kualitas
nyarita.
i. Sora mangrupakeun hiji paktor penting dina ningkatkeun cara maké kecap-kecap .
j. Nyarita maké
k. bantuan alat paraga anu ngahasilkeun nangkeup informasi nu leuwih hadé ku pihak
panyimak.
Hubungan antara ngaregepkeun jeung maca:
a. Pangajaran jeung petunjuk-petunjuk dina maca disamp ékeun ngaliwatan basa lisan.
b. Ngaregepkeun mangrupakeun cara utama kanggo pangajaran lisan.
c. Sanajan ngaregepkeun pamahaman leuwih unggul tibatan maca pamahaman,
barudak remen gagal dina mahamkeuna.
d. Kosa kecap ngaregepkeun ngabogaan kaitan jeung kasukaran-kasukaran dina diajar
maca.
e. Nyimak ngabantu budak keur nangkep ide poko anu diajukeun ku pamaca.
Hubungan antara nyarita jeung maca:
a. Penampilan maca béda jeung kacakapan berbahsa lisan.
b. Pola-pola ucapan jelma anu buta aksara pasti ngaganggu pelajaran maca.
c. Ucapan ngabentkhiji dasar keur palajaran maca.
d. Kosa kecap husus ngeunaan bahan bacaan kudu diajarkeun sacara langsung,
maranéhna kudu maham sateuacan man éhna maca.
Hubungan antara ékspresi lisan jeung ékspresi tulis:
a. Budak heula kénéh bisa nyarita tibatan bisa nulis.
b. Budak nu bisa nulis lancar biasana bisa nuliskeun pangalaman-pangalaman anu
bener.
c. ékspresi lisan condong ka arah anu teu teratur katimbang ékspresi tulis.
19
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
Paradigma atawa cara pandang pembelajaran basa:
a. Imérsi nyaéta kaparigelan basa anu dilaksanakeun jeung nerjunkeun siswa sacara
langsung dina kagiatan basa anu dipelajari.
b. Ngagawéan nya éta kaparigelan basa dilaksanakeun jeung méré kasempetan ka
siswa terlibat aktip di sagala kagiatan basa anu ngama’na, fungsional jeung oténtik.
c. Démontrasi nyaéta siswa diajar basa kana démonstrasijeungpedoman jeung
dukungan.
d. Tanggel waler nyaéta kaparigelan basa anu méré kasempatan ka siswa kanggo milih
aktipitas basa anu badédilaksanakeun.
e. Uji coba nyaéta kaparigelan basa anu méré kasempatan ka siswa keur ngalakukeun
kagiatan tina prespéktif atawa sudut pandang siswa.
f. Harapan nyéta siswa tiasa ngaupayakeun kanggo suksés atawa berhasil dina diajar.
20
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
7) Éstuning-éstuning penyimak anu alus sok nyimak kalayan besungguh haté. Manéhna
moal berpura-pura padahal haté sarta perhatianna aya di tempat séjén.
8) Teu Gampang Kaganggu, penyimak anu alus teu gampang di ganggu ku hal-hal
séjén di luar bahan simakan.
9) Gancang nyesuaikeun Diri, penyimak anu alus nyaéta penyimak anu tanggap kana
kaayaan.
10) Wawuh arah pelaksanaan,penyimak anu boh sok mikawanoh arah pembicaraan.
11) Kontak kalayan pembicara,penyimak anu boh sok nganyakeun kontak,kalayan
pembicara.
12) Ngarangkum,penyimak anu alus sok bisa newak ka lolobaan eusi bahan simakan
13) Meunteun,penyimak anu boh sok meunteun,nguji,ngaji,boh nalaah isi bahan simakan
anu ditarimana.
14) Ngarespon minangka lampah tuluy ti kagiatan pameunteunan hasil
simakan,penyimak nyatakeun pamadegan ka eusi pembicaraan anu geus ditepikeun.
15) Seléktif,penyimak anu alus weruh milih bagian-bagian penting ti bahan simakan anu
perlu diperhatikeun sarta di ingeut.
2. Ragam ngaregepkeun
1) Ngaregepkeun Ekstensip
Ngaregepkeun ékstensip nyaéta sajenis kagiatan ngaregepkeun ngeunaan hal-hal anu
leuwih umum sarta leuwih bébas kana hiji ujaran, henteu perlu dihandap bimbingan
langsung ti saurang guru.
2) Ngaregepkeun Sosial
Ngaregepkeun sosial nyaéta:
Ngaregepkeun sacara sopan santun sarta kalayan pinuh perhatian
Ngaregepkeun sarta nyurtian lalakon pembicara sarta panyimak dina prosés
komunikasi kasebut
3) Ngaregepkeun Sekundér
Ngaregepkeun sekundér nyaéta sajenis kagiatan ngaregepkeun sacara pareng sarta
sacara ékstensip.
4) Ngaregepkeun Estétik
Ngaregepkeun éstétik nya éta pase terakhir jeung kagiatan nu kaasup dina
ngaregepkeun sacara kabetulan.
5) Ngaregepkeun Pasip
21
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
Ngaregepkeun pasip nyaéta panyerapan hiji ujaran tanpa usaha kurang tarapti,
dagdégdog, ngapalkeun luar sirah, latihan antaré, sarta ngawasa hiji basa.
6) Ngaregepkeun Inténsip
Ngaregepkeun inténsif di arahkeun dina hiji kagiatan anu laér leuwih diawasan,
dikontrol ka hiji hal nu tangtu. Dina hal ieu kuduna diayakeun hiji pembagian
penting, nyaéta:
Ngaregepkeun Kritis
Ngaregepkeun kritis nyaéta sajenis kagiatan ngaregepkeun mangrupa panéangan
kasalahan komo lamun butir-butir.
Ngaregepkeun Konsentratip
BAB IV
Wangun Kalimah
(MEMBUAT KALIMAT)
1. Kalimah Salancar
Kalimah salancar diwangun ku hiji jejer (J) jeung hiji caritaan (C).
Upama kalimah salancar diwuwuhan ku katerangan, hiji atawa leuwih (K+), ieu
kaasup kana Kalimah Salancar Jembar.
Upama jejer atawa caritaan wungkul, atawa diwuwuhan ku obyék, hiji atawa leuwih
(O+), ieu kaasup kana Kalimah Salancar Basajan.
Kalimah
Pola Conto
Salancar
(1) Kuring / dahar
Basajan J C (O+) J +C
(2) Habibie / maréntah / Nagara
J +C +O
Jembar (K+) J C (1) Kuring / dahar / di kebon.
(O+) (K+)
J +C +K
J +C +O / K
Ti taun
(3) / Habibie / maréntah / nagara.
1998
22
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
K +J +C +O
Ti taun sataun
(4) / Habibie / maréntah / nagara /
1998 lilana.
K +J +C +O /K
Dina kalimah salancar jembar, rupa-rupa katerangan anu bisa diwuwuhkeun bisa
dipasing jadi sababaraha rupa, nyaéta
katerangan waktu, maké kecap-kecap panuduh waktu saperti kamari, ayeuna, isuk,
wanci, jam, jsb.
katerangan tempat:
o Maké kecap-kecap pangantét: ti, di, ka, nepi ka, dina.
o Maké kecap-kecap rundayan rarangkén tukang -eun: hareupeun, wétaneun,
katuhueun, jsb.
katerangan tujuan, maké kecap-kecap pangantét: pikeun, demi, enggoning.
katerangan alat, maké kecap-kecap pangantét anu hartina maké: ku, kana.
katerangan sabab, maké kecap-kecap pangantét: sabab, lantaran
katerangan babandingan, maké kecap-kecap pangantét: jiga, kawas, saperti, cara
katerangan panyarta, maké kecap-kecap jeung, babarengan jeung, dituturkeun ku
barang anu boga nyawa atawa dianggap boga nyawa.
B. Kalimah Ngantét
Kalimah ngantét (id:kalimat majemuk) diwangun ku dua kalimah atawa leuwih anu
dikantétkeun atawa diréndonkeun. Dumasar kana susunanana, aya dua rupa kalimah
ngantét:
Kalimah ngantét satata, nyaéta upama kalimah-kalimah panyusunna satata atawa
sadarajat.
Kalimah ngantét séler-suméler, nyaéta upama aya kalimah luluguna jeung aya
kalimah sélérna.
Kalimah ngantét satata ngabogaan pola: p(K+) p(J+) C p(O+) p(K+)
Gumantung kana kecap panyambungna (p), bisa disusun sababaraha hubungan:
Hubungan Conto
1. Hubungan nambah 1. Kuring dahar sangu jeung tahu.
... jeung ... o Kuring dahar sangu.
... sarta ... o Kuring dahar tahu.
23
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
2. Dédi resep ngojay, boh keur leutik kénéh, boh geus kolot.
boh ..., boh ... o Dédi resep ngojay keur leutik kénéh
o Dédi resep ngojay ayeuna geus kolotna.
2. Hubungan lalawanan 1. Anu nyaho kana paripolahna téh lain kuring baé, tapi
lain ... babaturan sasakola deuih.
baé/wungkul, tapi o Anu nyaho kana paripolahna téh kuring.
... (deuih) o Anu nyaho kana paripolahna téh babaturan
..., tapi ... sasakola.
1. Kuring téh bingung kudu indit ayeuna atawa isukan.
3. Hubungan pilihan
o Kuring téh bingung kudu indit ayeuna.
... atawa ...
o Kuring téh bingung kudu indit isukan.
Dina kalimah ngantét sélér-sumélér, kalimah lulugu nyaéta anu ngabogaan pola
samodél kalimah salancar. Sedengkeun kalimah sélérna ngabogaan fungsi pikeun
ngajembaran salah sahiji élémén kalimah lulugu, bisa dina jejerna, obyekna, atawa
kateranganana. Contona, (A) Awéwé téh maké baju batik. (B) Awéwé téh geulis kacida.
Gumantung kana kumaha nyélérkeunana, (A) atawa (B) bisa jadi kalimah lulugu.
(A) jadi kalimah lulugu: "Awéwé anu geulis kacida téh maké baju batik."
(B) jadi kalimah lulugu: "Awéwé anu maké baju batik téh geulis kacida."
Gumantung kana kecap panyambungna (p), bisa disusun sababaraha hubungan:
Hubungan Conto
1. Hubungan waktu: saprak, ti mimiti, basa, nepi ka, 1. Kuring keuna ku
saméméh, sanggeus, waktu, jsb. panyakit saprak jalan-
jalan ka Talaga Bodas.
o Kuring keuna
ku panyakit.
(lulugu)
o Kuring jalan-
jalan ka Talaga
bodas. (sélér)
2. Nepi ka karéta balik
deui ka kota, manéhna
tetep nungguan.
o Manéhna
24
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
tetep nungguan.
(lulugu)
o Karéta balik
deui ka kota. (sélér)
Manéh pasti junun sakola
2. Hubungan sarat: saupama, lamun, asal, jsb.
lamun diajarna rajin.
Ambéh teu ceurik deui,
3. Hubungan tujuan: sangkan, supaya, ambéh
budak téh dipangku geura.
4. Hubungan babandingan: saperti, ibarat, kawas, tibatan
5. Hubungan sabab: sabab, lantaran, alatan
6. Hubungan akibat: nepi ka, akibatna, nu matak, ku kituna
7. Hubungan cara: kalawan, ku cara, bari
8. Hubungan kanyataan: padahal, ari, sedengkeun
9. Hubungan pangjéntréyén
10. Hubungan atributip: anu ..., nu ...-na
11.Hubungan konsésip: sanajan, sakumaha/kalah
kumaha/naon/saha .. (baé) ogé
C. Fungsi Kalimah
1. Kalimah Wawaran
Dina conto-conto kalimah salancar jeung kalimah ngantét saacanna, kabéhanana
mangrupa kalimah wawaran, nyaéta kalimah anu ngawawarkeun atawa ngabejaan
ka batur ngeunaan hiji kajadian atawa kalakuan.
2. Kalimah Pananya
Kalimah pananya nyaéta kalimah anu ngabogaan fungsi pikeun nanyakeun hiji hal,
bisa mangrupa jalma, kajadian, kalakuan, sabab, jsb.
Pikeun ngawangun kalimah pananya, aya sababaraha cara:
(1) Lentong (id:intonasi) dirobah jadi lentong kalimah pananya jeung dina tulisan
ditungtungan ku tanda tanya.
Wawaran: Baheula Habibie téh présiden.
Pananya: Baheula Habibie téh présiden?
(2) Maké kecap naha enya di hareupeun kalimah wawaran.
Wawaran: Baheula Habibie téh présiden.
Pananya: Naha enya baheula Habibie téh présiden?
(3) Malikkeun susunan kalimah wawaran, anu asalna J C, jadi C J.
25
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
Wawaran: Habibie téh présiden.
Pananya: Présidén Habibie téh?
(4) Maké kecap pananya, gumantung kana anu rék ditanyakeunana.
Wawaran: Baheula Habibie téh présiden di Indonésia
Pananya jalma:
Saha présiden di Indonesia baheula téh?
Présiden di Indonesia baheula téh saha?
Pananya waktu:
Iraha Habibie téh présiden di Indonesia?
Habibie téh présiden di Indonesia iraha?
Pananya tempat:
Di mana Habibie téh présiden?
Habibie téh présiden di mana?
Atawa pananya séjénna, maké kecap: kumaha, naha, jsb.
(5) Maké kecap lain atawa sanés (ragam hormatna)
Baheula Habibie téh présidén di Indonesia, lain?
Baheula Habibie téh présidén di Indonesia, sanés?
Pananya jalma:
saha mamah na aji?
saha nuteu milu upacara poe senen kamari?
3. Kalimah Paréntah
Kalimah paréntah nyaeta kalimah anu eusina mah nitah ka nu lian sangkan migawe
pagawean. Kalimah parentah sok ditungtungan ku tanda panyeluk (!)
Kalimah parentah bisa dipasing-pasing jadi sababaraha bagian, saluyu jeung eusi
atawa maksud nu dikandungna:
a) Kalimah Panitah
Contona:
Tutupkeun pantona, Mang!
Pareuman televisi teh!
Cangcang domba teh!
b) Kalimah Pangajak
Contona:
Jun, maen bal, yu!
26
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
Meuli tahu, yu ah!
Hayu urang diajar ngadongeng!
c) Kalimah Pangharepan
Mugi anjeun enggal damang.
Muga-muga urang jadi juara kahiji.
Mugi-mugi sadaya siswa VIII tiasa naek kelas.
d) Kalimah Panyaram
Ulah diuk di jalaneun, atuh!
Ulah kitu, atuh!
Teu kenging hitut di kelas, bau!
e) Kalimah Pangjurung
Jung geura salin ari rek milu ka Bogor teh.
Sok geura diajar ti ayeuna!
Bakal dipasihan geura upami nyuhunkeun mah.
f) Kalimah Panggeuri
Anu sabar we, lamun bapa anjeun keur teu damang.
Sing tabah, nya, urang mah jalma teu boga.
Sabar, nya, lamun nyanghareupan masalah teh.
D. Wanda Kalimah
a) Kalimah Aktip jeung Pasip
Kalimah aktif nya éta kalimah anu jejerna migawé hiji pagawéan.
Contona: Titi meuli daging.
Kalimah pasif nya éta kalimah anu jejerna kakeunaan hiji pagawéan.
Contona: Daging dibeuli ku Titi.
b) Kalimah Resiprokatif/Babalesan
Kalimah resiprokatif nyaeta kalimah anu subyekna migawe pagawean kalawan
pabales-bales. Titenan contona:
Dion jeung Doni mah silih toel.
Ulah silih ciwit bae bisi ceurik.
Saha eta nu keur patarik-tarik lumpat di lapang?
Kalimah-kalimah diluhur teh nuduhkeun pagawean anu pabales-bales. Rarangken anu
digunakeun dina caritaan kalimah nyaeta silih- jeung pa- + dwilingga
27
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
c) Kalimah Langsung jeung Teu Langsung
Kalimah langsung nyaeta kalimah nu dikedalkeun langsung ku panyaturna.
Kalimah langsung sok ditulis (dihapit) make tanda kekenteng ("...")
Conto: Ceuk Icih, " Jang, pangmeserkeun patlot ka warung!"
Kalimah teu langsung nyaeta kalimah anu heunteu dicaritakeun langsung ku
panyaturna, sipatna naratip (nyaritakeun)
Conto:Icih nitah ka si Jajang yen manehna hayang dipangmeserkeun patlot ka
warung.
d) Kalimah Transitip jeung Intransitip
Kalimah Transitip nyaeta kalimah anu caritaanna merlukeun Udagan (Objek) Conto :
Nuni/S nuju maca/P buku/O
Kalimah Intransitip nyaeta kalimah anu caritaanna teu merlukeun ayana Udagan
(Objek) Conto : Itoh/S nuju maca/P
e) Kalimah Sampurna jeung Teu sampurna
E. Warna Kalimah
1. Kalimah Barang
Kalimah barang nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap barang.
Conto:
a) Si Udin téh jadi panumbu catur dina acara paturay tineung.
b) Singhoréng bapana téh dokter.
c) Témbokna beton kabéh.
2. Kalimah Pagawéan
Kalimah pagawéan nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap pagawéan.
Contona :
a) Budak keur dahar.
b) Nina ceurik.
c) Barudak sakola keur dialajar.
3. Kalimah Sipat
Kalimah sipat nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap sipat atawa kaayaan.
Contona:
a) Buluna bodas.
b) Budak téh bageur.
c) Dudu gering.
28
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
1. Kalimah Bilangan
Kalimah bilangan nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap bilangan.
Contona:
a) Paingan anakna loba.
b) Daharna téh ngan ukur sapiring leutik.
c) Jerona kurang leuwih 1000 méter.
2. Kalimah Pangantét
Kalimah Pangantet Nyaeta kalimah anu caritaanana ngandung kecap pangantet.
Conto kecap pangantet:
a) Ti ( dari )
b) Pikeun ( untuk )
c) Siga ( seperti )
Jaketna *tina* kulit =
Baju seragam teh aya *dina* lomari =
mahmud *siga* bapana =
F. Warna Kecap
Warna/Rupa Kecap kabagi dua:
kecap ... nyaéta ...
Kecap barang kecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran nu dianggap
Lulug barang.
sulur kecap anu dipaké pikeun nyuluran atawa ngaganti kecap
u
barang.
pananya kecap anu dipake pikeun nanya
pagawéan kecap anu nuduhkeun kalakuan, paripolah, atawa pagawéan
jalma atawa mahluk séjénna.
sipat kecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan barang atawa nu
dianggap barang.
bilangan kecap anu nuduhkeun bilangan, jumlah, beungkeutan,
kumpulan, atawa tahapan.
Kecap panganteb kecap pikeun ngantebkeun babagian kalimah anu
Pancén dipentingkeun ((en): emphasis).
panganteur kecap disahareupeun hiji kecap pikeun nganteurkeun kecap éta
sangkan leuwih anteb tur écés.
panambah kecap pikeun nuduhkeun lumangsungna hiji kajadian.
aspék
panambah kecap anu nuduhkeun sikep panyaturna waktu nyanghareupan
modalitas jalma séjén.
29
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
pangantét kecap sahareupeun kecap barang pikeun ngantétkeun kecap
barang éta jeung kalimah utamana.
panyambun kecap anu dipaké pikeun nyambungkeun kecap jeung kecap,
g atawa babagian kalimah.
panyeluk kecap nu dipaké pikeun ngébréhkeun bituna rarasaan.
Kecap sulur
Kecap sulur aya sababaraha rupa:
kecap gaganti jalma
kecap gaganti milik
kecap panuduh
Kecap gaganti jalma
'Kecap kecap.. dipaké dina kaayaan... conto
gaganti... kalimah
jalma tunggal sim kuring lemes, resmi ...
abdi lemes, teu resmi ...
kahiji
kuring / déwék / urang loma ...
kami / kaula loma, ngaluhurkeun ajén ...
sorangan
aing kasar ...
loba sim kuring sadayana lemes, resmi ...
abdi sadayana lemes, teu resmi ...
kuring saréréa loma ...
jalma tunggal bapa / ibu lemes, ka anu dipihormat ...
kadua (jsb. nu dianggap
mancakaki)
anjeun lemes, ka sapantaran ...
manéh / silaing loma ...
sia kasar ...
loba aranjeun lemes ...
maranéh loma ...
hidep saréréa lemes, ka sahandapeun ...
jalma tunggal mantenna lemes, ka nu dipihormat ...
anjeunna lemes ...
katilu
manéhna, inyana loma ...
loba aranjeunna lemes ...
maranéhna loma ...
Kecap gaganti milik
Kecap gaganti milik disusun ku cara ngantétkeun kecap gaganti pikeun jalma di luhur
ditukangeun kecap barang. Contona: buku abdi, buku manéh, buku hidep saréréa
Kecap panuduh
Kecap panuduh wacana
30
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
ieu
éta
kitu
kieu
Kecap panuduh luareun wacana
kecap... dipaké pikeun... conto kalimah
dieu nuduhkeun nu deukeut ...
dinya nuduhkeun nu rada deukeut ...
ditu nuduhkeun nu jauh ...
Kecap pananya
Kecap... dipaké pikeun nanyakeun ... conto kalimah
naon barang, hal, sasatoan, tutuwuhan ...
saha jelema, malaékat, Pangéran
mana tempat, hal ...
iraha waktu Iraha anjeun badé ka dieu?
naha sabab-musabab, kalakuan ...
kumaha cara, kaayaan ...
sabaraha jumlah, bilangan ...
iraha anjeun bade ka dieu?
Kecap pagawéan
Ciri-ciri kecap pagawéan:
Umumna mangrupa caritaan dina kalimah, lain jejer
Teu bisa ditempatkeun satukangeun kecap pangantét
Teu bisa dipiheulaan ku kecap paling atawa dirarangkénan anu ngandung harti paling
.
Bisa dipiheulaan ku kecap panambah aspék jeung modalitas
Kecap sipat
Ciri-ciri kecap sipat:
bisa dipiheulaan ku kecap leuwih jeung mani
bisa dituturkeun ku kecap kacida, pisan, jeung naker
bisa dirarangkénan ku pang-...-na
bisa ngawangun frasapohara ...-na atawa kacida ...-na
Kecap panganteur
Tabel kecap panganteur pagawéan
bus asup nyah beunta nging/hing ceurik
segruk ceurik am dahar jol datang
rap dibaju deker digawé gék diuk
31
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
reg eureun geleber hiber sedut/dut hitut
kuniang hudang belenyéh/nyéh imut gedig indit
léos indit kécéwér/wér/cer kiih blug labuh
beretek/berebet lumpat jleng luncat geleser maju
belewer malédog brus mandi térékél naék
gampleng nampiling blak nangkarak jung nangtung
sebrut narajang habek neunggeul lek neureuy
lar ngaliwat bluk ngangkuban biur ngapung
golédag ngedeng gewewek ngégél réngkénék ngigel
leguk/regot nginum burusut ngising pok ngomong
celengkeung ngomong trét nulis gaplok nyabok
gap nyagap sirintil nyampeurkeun gantawang nyarékan
kerewek nyekel cong nyembah crot nyiduh
celengok nyium kop nyokot bluk nyuuh
reup peureum dug saré barakatak seuri
ceuleukeuteuk seuri cakakak seuri cikikik seuri
lep teuleup eureuleu teurab clak tumpak
luk tungkul jrut turun nyot ngenyot
pelenyun udud cat unggah orolo utah
32
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
BAB V
BIOGRAFI, CARITA BABAD, ESEY, BIANTARA, DRAMA,
KARANGAN BAHASAN, NGAJEJERAN ACARA (MC), SAWALA, DONGENG,
KAWIH, LAPORAN LALAMPAHAN / KAGIATAN JEUNG CARITA PONDOK
A. BIOGRAFI
Biografi nya eta riwayat hirup nu ditulis atawa nu dicaritakeun ku batur. Lamun ditulisna
ku sorangan mah disebutna Autobiografi.
Dina biografi sok dicaritakeun riwayat hirupna ti bubuk leutikna, di antarana:
a) Ngaran lengkepna,
b) Nenehna
c) Tempat jeung tanggal lahir
d) Ngaran indung bapana
e) Tempat sakolana
f) Karesepna
g) Prestasina
h) Iraha maotna (iwal ti nu can maot)
Ku ayana kitu sok sanajan urang teu panggih ari ku maca riwayat hirupna mah sacara teu
langsung urang bisa wanoh tur nyonto hal-hal nu alus ti tokoh anu dicaritakeun tadi.
Sababaraha langkah nu kudu diperhatikeun dina nulis biografi, diantarana:
a) Pikawanoh saha urang atawa jalma nu rek ditulis biografina, ngawengku fisik,
watek, pagawean, masalah fisiologis, jeung sajabana.
b) Pikawanoh asal-usul diri urang atawa jalma nu rek ditulis biografina
33
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
c) Caritakeun kahirupan urang waktu leutik keneh.
d) Caritakeun ngeunaan sakola / pendidikan urang.
e) Caritakeun kumaha waktu nincak kana dewasa
f) Caritakeun kahirupan kulawarga urang, jsb
B. CARITA BABAD
Babad teh mangrupa carita wanda heubeul anu medar riwayat luluhur atawa kajadian-
kajadian penting jaman baheula di salah sahiji wewengkon. Biasana ti mimiti ngabedah
(muka) eta wewengkon. Nilik kana eusina, karep nu nyarungsum babad teh bangun nu
rek nulis sajarah. Malah judul-judul na oge, diantarana aya nu tendes ngagunakeunkecap
sajarah. Tapi tacan diaku sajarah, sabab mindeng kaselapan bagian-bagian anu sipatna
pamohalan (rekaan).
Conto judul-judul carita babad:
a) Babad Bogor
b) Babad Cikundul
c) Babad Godog
d) Babad Cirebon
e) Babad Panjalu
f) Babad Limbangan
C. ESEY
Esey nyaeta karangan wangun lancaran (prosa) nonfiksi anu ngabahas hiji perkara
kalawan singget tur saules tina puseur panyawang pribadi nu nulisna. Esey mirip jeung
paragraf, ngan bedana mah ukuranana, esey leuwih panjang, bisa diwangun ku
sababaraha paagraf.
Dina esey aya paragraf pamuka, paragraf eusi, jeung paragraf panutup.
Cindekna esey boga ciri, mangrupa:
a) Karangan atawa wacana tulis
b) Salah sahiji wangun prosa nonfiksi
c) Bahasan hiji pasualan umum kalawan singget tur saulas
d) Tanggapan pribadi nu nulisna (subyektif)
e) Karangan mandiri tur bebas luyu jeung minat katut kaahlian nu nulusna
f) Komposisi formal lantaran diwangun ku bagian bubuka, eusi, panutup
D. BIANTARA
Biantara atawa pidato nyaeta nyarita nepikeun hiji perkara di hareupeun balarea kalawan
aya tujuan atawa maksud anu tangtu tur make cara jeung tatakrama anu husus. Biantara
34
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
ilaharna ditepikeun dina acara anu sipatna resmi atawa dines, upamana bae dina kagiatan
upacara di sakola, mieling pahlawan, paturay tineung, gempungan warga masyarakat,
seserahan calon panganten, jsb
Ditilik tina eusina, biantara teh bisa diwincik jadi tili bagian, nyaeta bubuka, eusi, jeung
panutup.Sarat lamun urang rek biantara teh nyaeta:
a) Kudu dihareupeun jalma rea
b) Kudu aya tujuan anu tangtu
c) Dina neupikeunana, aya rupa-rupa cara dina biantara, nya eta:
d) Biantara dadakan (impromptu)
e) Biantara ku cara ngapalkeun
f) Biantara ku cara maca naskah
g) Biantara ku cara tampa naskah (ekstemporan). Tapi aya galur eusina ngan dina
prakna mah ditalar.
E. DRAMA
Drama nya eta carita rekaan anu winangun paguneman (dialog) para palaku.
Ciri-ciri drama:
a) Pertelaan palaku, anu ngaberendelkeun ngaran jeung katerangan ngeunaan palaku.
b) Babak jeung adegan, anu ngabagi-bagi karangan drama.
c) Candraan atawa katerangan dina awal babak, nerangkeun kaayaan latar, suasana,
palaku, kajadian, jsb
d) Paguneman, nyaeta kalimah langsung para palaku anu silih tempas.
e) Prolog jeung epilog
F. KARANGAN BAHASAN
Bahasan atawa argumentasi nya eta wacana anu eusina ditujukeun pikeun ngayakinkeun
nu maca ngeunaan bebeneran nu ditepikeun ku nu nulisna.
Karangan bahasan mangrupa pedaran (eksposisi) alesan katut bukti pikeun ngawangun
kacindekan . karangan bahasan disusun kalawan maksud pikeun mere alesan, ngukuhan
atawa nolak pamadegan, kamandang, atawa gagasan.
Anu kaasup kana bahasan nya eta wangun-wangun karangan ilmiah kayaning makalah,
skripsi, tesis, disertasi, esey, jsb
Adegan bahasan ngawengku tilu bagian, nya eta bubuka, runtuyan pernyataan atawa
pedaran, jeung kacindekan.
Cara nulis bahasan bisa ngagunakeun tehnik induktif atawa deduktif.
G. NGAJEJERAN ACARA (MC)
35
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
Dina hiji acara sok aya anu ngajejeran atawa anu ngatur supaya acarana teh henteu
pabaliut. Tah anu ngajejeran acara teh sok biasa disebut protokol, presenter, atawa MC
(master of ceremony) tea.
Dina ngajejeran acara, pangjejer teh kudu capetang nyaritana teu aga eugeu, henteu kaku
sarta sorana agem buleud henteu kadenge cempreng.
Conto runtuyan acara dina kagiata paturay tineung:
a) Bubuka
b) Maca ayat suci Al-Qur’an
c) Pamapag ti:
Pamapag ti wawakil kelas
Pamapag ti wawakil kapala sakola
Pamapag ti komite sekolah
o Upacara adat paturay tineung
o Doa
o Silaturahmi
o Hiburan
o Panutup
H. SAWALA
Kecap sawala asalna ti basa Sanskerta anu hartina padu atawa parebut bebeneran dina
riungan resmi ku cara lisan. Dina basa Indonesia disebutna musyawarah atawa diskusi.
Rupa-rupa diskusi:
a) Formal
Kelompok diajar
Kelompok nu nyusun kawijakan
komiteu
b) Informal
Kelompok diajar
Diskusi panel
Simposium
Seminar
Kongres
Lokakarya
Konperensi
36
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
Hal anu kudu ditalingakeun lamun rek sawala:
Jejer (topik)
Pangjejer / protokol
Panumbu catur (moderator)
Saha anu baris diondang
Tempat
Waktu
I. DONGENG
Dongeng teh ka asup kana carita balarea (folktale). Gelarna di lingkungan masyarakat
tatalepa sacara lisan. Carita dina dongeng umumna rea anu pamohalan.
Dumasar kana susunan basana, dongeng teh ka asup karangan dina wangun lancaran
(prosa). Tapi sakapeung sok diselang ku wangun ugeran (puisi).
Dumasar kana eusina, dongeng teh bisa dipasing-pasing jadi lima golongan, nya eta:
a) Fabel, dongeng anu nyaritakeun lalampahan sasatoan. Contona dongeng sakadang
kuya jeung sakadang monyet ngala nangka, maung ditipu ku peucang.
b) Legenda (sasakala), dongeng nu nyaritakeun asal muasalna kajadian hiji tempat,
tutuwuhan, sato, atawa barang, conto: dongeng sasakala tangkuban parahu, situ
bagendit
c) Sage, dongeng nu nyaritakeun lalampahan jalma nu dianggap karuhun ku masyarakat.
Conto: dongeng prabu siliwangi, keansantang
d) Parabel, dongeng nu nyaritakeun lalampahan jalma anu mahiwal ti batur. Conto:
dongeng si kabayan, abu nawas
e) Mite, dongeng nu nyaritakeun lalampahan hiji jalma nu dianggap karamat ku
masyarakat. Conto: dongeng nyi roro kidul
J. KAWIH
Kawih nya eta wangun sekar (vokal) nu kauger ku wirahma, tempo, jeung wiletan, tapi
teu kauger ku patokan pupuh.
Kawih mangrupa kasenian tradisional sunda anu diebrehkeun ku sora manusa sarta teu
leupas tina pirigan gending mangrupa kacapi, suling, jsb
Conto-conto judul kawih : Bandung, Hariring nu Kungsi Nyanding, Pahlawan Toha
K. LAPORAN LALAMPAHAN / KAGIATAN
Dina nulis laporan kagiatan ngawengku sakurang-kurangna tilu bagea nya:
a) Bubuka: kasang tukang jeung tujuan kagiatan
b) Eusi: jenis kagiatan, waktu jeung tempat, jumlah patandang, jumlah waragad, panitia
37
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
c) Panutup: sanduk-sanduk jeung kacindekan atawa rekomendasi atawa saran pikeun
kagiatan pikahareupeunana
L. CARITA PONDOK
Carpon atawa carita pondok nya eta karangan rekaan (fiksi) anu wangunna pondok sarta
ngan ukur ngasongkeun hiji peristiwa. Carpon umumna nyaritakeun hal anu realistis,
diangkat tina kanyataan.
Unsur-unsur intrinsik nu aya tina carpon:
a) Tema
b) Palaku
c) Latar
d) Galur
e) Amanat
BAB VI
MERANKEUN TOKOH DRAMA
Merankeun Drama
Baca naskah drama di handap, tapi saméméhna tangtukeun heula nu nyekel peranna. Lamun
geus kacangkem, pék ragakeun di hareupeun babaturan di kelas.
38
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
Si Kabayan : Lain keur badami, keur tinghaluleng.
Éta nu duaan.
Mahasiswa : Abdi terang, da ti tadi parantos ngupingkeun.
Mang Kabayan naros ka Mang Léngsér jeung ka Mang Badéga, nya?
Si Kabayan : Enya.
Naha biasa, tapi meureun disangkana tatarucingan, da mani uleng
mikiran pijawabeunana.
Léngsér : Tadi anjeun téh geus nanya.
naha kapaksa,
kuring néangan asahan,
piwarang Raja,
enya indit dipiwarang,
lain kahayang sorangan.
Najan kitu bongan kuring,
Léngsér nagara,
boga pancén anu pasti,
bakti ka raja,
jadi indit teu kapaksa,
tapi darma wajib téa.
Si Kabayan : Kuring gé indit lantaran mitoha. Tapi kuring mah néangan asahan téh
rék meunang rék henteu. Kuma kuring. Ari aranjeun néangan kudu
meunang, nya?
Badéga : Enya kuring mah.
Éta barang anu ditéangan kudu kapanggih.
Kudu kabawa.
Kudu dipasrahkeun ka dunungan kuring.
Léngsér : Anjeun mah jalma merdéka,
Jeroning hirup,
Tapi naha cukup éta,
Keur geusan hirup
39
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
Hirup kumbuh reujeung batur,
Loba atar loba atur
Si Kabayan : Heu!
Naon loba atar loba atur?
Léngsér : Atar ngéléhan sorangan,
da ngarangan,
Ngaragangan batur urang
Keur sauuyunan,
Atur aturaning hirup
Salamet lantaran guyub.
Si Kabayan : Ah, teu ngarti kuring mah.
Lain belet, tapi teu asup kana pikiran sorangan.
Lantaran lain kitu.
Badéga : Ah, teu ngarti kuring mah.
Lain belet, tapi teu asup kana pikiran sorangan.
Lantaran lain kitu.
Badéga : Ari ceuk anjeun kumaha?
Cik, pok nyarita ambéh tétéla kumaha bédana.
Si Kabayan : Béda, embé jeung kuda!
Kuda mah ngahieum jeung sok dititah ku dununganana, sina narik
padati, jadi kuda umbal.
Ari embé mah ngabérélé jeung tara dititah nanaon.
Bau badot ceuk batur, da ceuk embé mah teu nanaon.
Kitu tah.
Kuring embé, aranjeun kuda.
Jadi bé-da, béda.
Mahasiswa : Leres bénten.
Nanging ké, urang wangsulan deui kana pamaksadan sadayana.
Ieu téh tiluan nuju milarian batu asahan, sanés?
Badéga : Teu pindo catur, kuring ka dieu rék néangan batu asahan.
40
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
Rék dibeuli, kitu pamundut ti dunungan.
(NGOMONG SORANGAN)
Sanajan upama geus dibikeun éta batu asahan, pasti dunungan aing beuki beunghar, ari
aing .....?
Léngsér : Nya kitu pisan,
néangan asahan.
(NGOMONG SORANGAN)
Sanajan nyaho keur Ki Logojo, hiji satria arék perlaya.
Mahasiswa : Mang Kabayan sami deuih?
Si Kabayan : Sarua néangan mah, tapi kuring mah asal bisa neuleu wungkul.
Euweuh, teu naon sababna nu matak anjeun keur ditéangan?
Mahasiswa : Gaduh, nanging ......
(MANÉHNA NYOKOT BATU ASAHAN TULUY DIBIKEUN KA NU LALAJO)
Éta batu asahan parantos diical ka nu lalajo
Badéga : Lalajo naon?
Mahasiswa : Lalajo urang
Si Kabayan : (SEURI)
Heuheuy, hirup mah ulah lalajo jeung dilalajoan, nya euy.
Léngsér : Euleung euy euleung,
Hirup mah da silihjeueung,
Euleung euy euleung,
Tamaha urang keur reujeung.
KANGJENG RAJA NGADEG DINA BANGBARUNG KARATON, PANGETOKAN
GEUS DISADIAKEUN, SATRIA ARÉK DITUGEL JANGGA, LOGOJO GEUS
NGAJEGA, TAPI TEU NYEKEL BEDOG, PUTRI NYUUH KA EMBAN. KATÉMBONG
OGÉ SUDAGAR SURA-SEURI PINUH PANGHAREPAN. ARI DI IMAH SI KABAYAN,
NYI ITOK NGAJANTENG BANGUN NU KEUHEUL DUMÉH SI KABAYAN CAN
DATANG KÉNÉH BAÉ.
Sora Kabéh : Mana, mana batu asahan Cihea?
Kadieukeun!
Sora ti Karaton : Demi kawasana Raja, Raja!
Sora ti Imah Sudagar : Demi tambahna rajakaya, Rajakaya!
41
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
Sora ti Imah Si Kabayan : Rajét haté aing mah, da dikakaya ku sia!
Mahasiswa : (KA NU LALAJO)
Kadangu ku sadayana.
Aya sora Friedrich Wilhelm Nietzshe. Aya sora liberalisme klasik. Sareng, aya sora Si
Kabayan.
Batu Asahan kagungan, sumangga badé dipasrahkeun atanapi badé diical ka saha? Leres,
alam dunya teu karaos muter, nanging pikiran urang sadaya ayeuna karaos pisan muterna.
Nyungsi Harti
Maham Eusi Drama
Pikeun maham eusi bacaan di luhur, pék jawab ieu pananya di handap!
1. Saha nu ngomongna bari dipirig kawih jeung gending?
2. Ari Si Kabayan néangan batu asahanna keur naon?
3. Ceuk Si Kabayan hirup mah ulah lalajo jeung dilalajoan, nya euy!
4. Numutkeun hidep naon maksudna kekecapan Si Kabayan kitu petana!
5. Saha ari tokoh utama dina drama nu judulna “Batu Asahan Keur Saha” téh?
6. Kira-kira naon patalina antara aya sora Friedrich Wilhelm Nietzshe, aya sora liberalisme
klasik, Sareng, aya sora Si Kabayan dina éta carita drama téh?
42
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
Nepi ka kiwari gelarna drama di tatar Sunda geus aya deui drama dina wangun séjén
nyaéta monolog nu mangrupa omongan hiji jalma, padahal geus ti mimiti dipikawanoh nu
disebut drama suara atawa gending karesmén nyaéta drama nu dialog-dialogna
ditembangkeun atawa dikawihkeun. Jadi parapamaén kudu bisa tembang atawa kawih, dina
genre sastra séjén mah meureun disebutna téh kabarét.
Kiwari drama di tatar Sunda ogé aya nu disebut drama modérn atawa téater, nu
umumna ngalalakonkeun kalakuan manusa sacara réalistis. Sedengkeun ari sandiwara mah
kaasup drama lisan, hartina drama nu teu maké naskah. Biasana ngalalakonkeun carita
wayang, roman, babad, jeung desik (lalakon ti nagara Arab, saperti carita Amir Hamzah).
Téater téh nyaéta drama nu mangrupa pintonan lalakon dina panggung sarta mibanda
opat fungsi, di antarana:
1. Wahana ritual sabab awalna mah gunana pikeun kagiatan ritual, kaagamaan, jeung
sakral.
2. Alat hiburan, sabab téater dipaké panglipur kalbu, ngaleungitkeun kasumpek haté.
3. Pintonan, sabab mangrupa pintonan hasil karya sastra.
4. Kedaling (éksprési), jadi ku ayana téater jalma bisa ngedalkeun eusi haté, pikiran, jeung
rasana ka jalma lian ku cara ngaragakeun atawa metakeun peran-peran nu tangtu.
Salian ti kitu, téater bisa pikeun ngébréhkeun rupa-rupa unsur-unsur saperti a) lalakon
(naskah drama), b) pamaén, c) sutradara, d) pagelaran, e) kru produser (production crew), f)
properti, g) nu lalajo (nongton).
Sangkan bisa akting nu alus
Palebah dieu tangtuna hidep kudu bisa akting nu alus pikeun diajar drama dina
pangajaran basa Sunda, sok komo mun seug hidep boga karep jadi aktor nu kaconcara siga
sélébriti. Ku kituna aya sababaraha dadasar pikeun padoman akting pikeun aktor nu alus, di
antarana:
1. Pamolah teu kaku, teu dijieun-jieun (overacting),
2. Guneman (dialog) teu dijieun-jieun,
3. Ucapan (vokal) kudu écés,
4. Gambaran watek (karakterisasi) kudu kajiwaan,
5. Pasemon jeung rindat (éksprési beungeut) kudu wajar tur ngayakinkeun,
6. Bisa ngamangpaatkeun sakumna situasi pentas jeung properti,
7. Paham kana sababaraha hal, diantarana
a. Kudu boga sadar kana ayana wangun,
43
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
b. Latihan maca,
c. Ngawasa sarana pentas,
d. Watek salaku motivasi pikeun plot,
e. Bobot peran, jeung
f. Madukeun kesan sacara gembleng.
44
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
a. Drama komédi nyaéta asalna tina istilah komédi nu dipaké pikeun drama nu
pungkasan caritana kabagjaan pikeun palaku utama (happy ending).
b. Drama tragédi nyaéta drama nu midangkeun adegan-adegan nu penting tur serieun
sarta nu balukarna cilaka, sedih, asor, kaniaya pikeun palaku utama.
c. Mélodrama nyaéta mimitina mah istilah mélodrama téh dipaké pikeun sakur
pagelaran nu dipirig ku musik, kaasup opera. Kiwari mah dipaké pikeun drama nu
réréana ngolah konflik batin, ngolah adegan nu ngagambarkeun gerak galura aworna
rasa.
2. Palaku atawa “penokohan” dina drama téh ngaran-ngaran jalma katut pasipatan nu
ngalalakon dina carita drama. Patali jeung kalungguhan dina carita drama, palaku bisa
dibagi jadi tilu rupa, nyaéta
a. Palaku utama nyaéta palaku nu nyekel peran utama dina carita ti awal nepi ka ahir,
biasana ogé disebut palaku protagonis.
b. Palaku pangbantu atawa pameran pangbantu nyaéta palaku nu peranna mantuan,
marengan atawa jadi lawan pameran utama, biasana ogé disebut palaku antagonis.
c. Palaku panambah biasa ogé disebut palaku figuran nyaéta palaku nu teu pati penting
peranna, upama dibanding jeung palaku utama katut palaku pangbantu.
3. Latar téh aya dua rupa nyaéta latar tempat jeung latar waktu. Latar tempat nu nuduhkeun
di mana éta kajadian téh lumangsungna. Ari latar waktu mah nu nuduhkeun iraha éta
kajadian téh lumangsungna.
4. Alur, galur atawa plot nyaéta rakitan rupaning kajadian nepi ka ngawujud jadi leunjeuran
carita.
5. Amanat nyaéta pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca atawa ka nu lalajo
dina pintonan drama.
6. Dialog atawa paguneman nyaéta wangun poko dina drama. Sabab dina drama mah nu jadi
utama dina karangan drama téh apan tulisan dina wangun paguneman atawa dialog.
7. Prolog nyaéta pangjajap kana carita drama nu ditepikeun saméméh lumangsungna carita
drama dipintonkeun. Eusina mah diantarana katerangan ngeunaan tempat jeung waktu,
ringkesan carita, jsb.
8. Épilog nyaéta bagian pamungkas dina lalakon, nu eusina méré koméntar nu leuwih jauh
ngeunaan ahir carita, dialog nu diucapkeun ku salahsaurang aktor ka parapanongton dina
ahir pagelaran carita drama.
45
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
1. akting
..................................................................................................................................
2. sutradara
.......................................................................................................................................
3. panggung
.......................................................................................................................................
4. lalajo
.......................................................................................................................................
5. alur
.......................................................................................................................................
6. paguneman/dialog
.......................................................................................................................................
7. gesture
.......................................................................................................................................
8. babak/adegan
.......................................................................................................................................
9. pasemon
.......................................................................................................................................
10. properti
.......................................................................................................................................
46
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
A. Ahmad Bakri D. Wahyu Wibisana
B. Éddi Tarmidi E. R. Hidayat Suryalaga
C. Téddy AN Muhatadi
4. Drama nu judulna “Raja Wales” beunang karangan saha …
A. Ahmad Bakri D. R. Hidayat Suryalaga
B. Éddi Tarmidi E. Wahyu Wibisana C. Téddy AN Muhatadi
5. Gending Karesmén nu judulna “Yaomal Qiamah” beunang karangan saha …
A. Rd. Kartabrata D. D. Suriasaputra
B. R.A.F. E. R. Hidayat Suryalaga
C. M.A. Salmun
6. Gending Karesmén nu judulna “Pahlawan Samudra” beunang karangan saha…
A. Mang Koko Koswara D. Wahyu Wibisana
B. R. Machyar Anggakusumah E. R. Hidayat Suryalaga
C. R. Méméd Sastrahadiprawira
7. Bagian pamungkas dina lalakon, nu eusina méré koméntar nu leuwih jauh ngeunaan ahir
carita, dialog nu diucapkeun ku salahsaurang aktor ka parapanongton dina ahir pagelaran
carita drama disebut naon ...
A. épilog D. alur atawa galur
B. dialog E. amanat C. prolog
8. Nu dimaksud prolog dina drama nyaéta ...
A. Bagian pamungkas dina lalakon D. rakitan rupaning kajadian
B. Pangjajap kana carita drama E. pesen nu rék ditepikeun ku pangarang
C. Wangun poko dina drama
9. Kaasup téhnik naon cara pamaén merankeun drama bari ngajiwaan peran katut eusi
caritana dina raraga latihan ngaragakeun drama téh?
A. téhnik ngeusian D. téhnik klimaks
B. téhnik mekarkeun E. téhnik wirahma C. téhnik muncul
10. Disebut karangan drama naon nu ngan diajangkeun pikeun bacaeun wungkul?
A. gending karesmén B. Monolog C. téater D. closet drama E. longsér
47
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
BAB VII
GAYA BASA DINA BASA SUNDA
Dina basa Sunda nu jembar ku basa,ngabogaan GAYA BASA SUNDA (GBS) nya eta :
1. GBS Ngumpamakeun ( Simile)Nyaeta ungkara nu ngabandingkeun hiji barang sejen nu
sipatna nembrak.
2. GBS Ngupamakeun sok ngagunakeun kecap babandingan : asa,cara,siga,kawas ,lir,jeung
ibarat.
3. GBS Lalandian ( Metafora)Nyaeta sesebutan khusus anu dilarapkeun ka jalma atawa
kana barang nu diluyukeun jeung kaayaan barang,jalma atawa tempat anu dilandina.
4. GBS Mijalma (Personifikasi)Nyaeta ungkara nu mapandekeun hiji barang,tatangkalan
atawa sasatoan milampah pagawean kawas manusa.Maksud digunakeun GBS Mijalma
pikeun ngantebkeun harti jeung rasa basa anu dikandung ku hiji kalimah.Biasana
mindeng kapanggih dina karangan sastra.
5. GBS Ngasor (Litotes)Ungkara nu ngahandapkeun kaayaan diri sorangan.Maksudna
ngarah nu nyarita henteu katembong agul/sombong atawa hayang ngajenan kanu diajak
nyarita.
6. GBS Ocon (Metonimia)Ungkara nu ngagunakeun hiji kecap pikeun ngebrehkeun
hubungan hiji barang jeung barang sejen lantaran miboga hubungan nu kawilang raket.
7. GBS Sindir (Alegori)Ungkara nu eusina sindir(teu togmol)Maksudna ngarah nu diajak
nyarita henteu eraeun/ambek.GBS Sindir aya tilu bagian :
48
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
a.Ironi
b.Sinisme
c. Sarkasmeu
8. GBS Rautan ( Eufimisme)Ungkara nu ngalemeskeun kecap ngarah kadengena sopan ku
jalma nu diajak nyarita.
9. GBS Rarahulan(Hiperbola)Ungkara nu ngagunakeun kecap nu karasana
kaleuleuwihi,rahul atawa bohong.Ilaharna digunakeun pikeun ngagambarkeun kaayaan
sangkan leuwih anteb.
10. GBS Kadalon ( Pleonasme)Ungkara nu karasana kaleuwihan teuing ngagunakeun kecap.
11. GBS Raguman (Sinekdoke)Ungkara nu ngebrehkeunrupa-rupa hal anu dihijikeun atawa
di disabeungkeutkeun.GBS Raguman aya dua :
a.Hurunan (totem pro parte)
b.Tunggalan (pars pro toto)
BAB VIII
NGAREGEPKEUN
A. AMBAHAN BAHAN AJAR
Bahan ajar anu bakal dipidangkeun dina ieu lawungan atawa pajemuhan patali jeung tilu
perkara kayaning (1) wangenan ngaregepkeun, (2) fungsi jeung mangpaat ngaregepkeun,
(3) tahap-tahap ngaregepkeun, (4) warna ngaregepkeun, jeung (5) ambahan bahan ajar
ngaregepkeun. Wincikan tiap-tiap bahan ajar dibabarkeun di handap ieu.
1. Wangenan Ngaregepkeun
Kagiatan ngaregepkeun mangrupa salahsahiji tina opat aspék (caturtunggal)
kaparigelan makéna basa. Dina harti sapopoé, kagiatan ngaregepkeun téh aya kalana
sok dipacorokeun jeung kagiatan ngadéngékeun. Tapi mun seug dilelekan, tétéla aya
bédana antara ngadéngé jeung ngaregepkeun téh. Hartina lamun ngadéngé mah can
tangtu ngaregepkeun, sedengkéun ari ngaregepkeun mah tangtu baé kudu ngadéngé
éta sora.
Istilah ngadéngé (mendengar, hearing) sok dianggap ukur prosés fisiologis, ti mimiti
datangna gelombang sora anu engkéna ngeundeurkeun kekendangan, anu disebut
vibrasi. Ieu vibrasi téh diteruskeun ku tulang-tulang lalembut anu aya dina ceuli
bagéan tengah tur diteruskeun kana ceuli bagéan jero, atawa kohléa (cochlea).
Satuluynavibrasi dirobah kana saraf pangrungu sarta ngahuluwotan kana uteuk. Uteuk
sacara otomatis bakal apaleun yén anu datang téh sora tur ieu prosés téh
lumangsungna lain karana usaha. Ku lantaran otomatis téa, nya sok aya kalana éta
49
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
sora téh teu bisa dieureunan. Nu antukna lamun pareng embung ngadéngé, tangtu waé
kudu meungpeukan ceuli. Ngadéngékeun béda deui jeung kagiatan ngaregepkeun
(menyimak, listening). Ngaregepkeun mah mangrupa prosés atawa aktivitas
kamahéran basa anu kompléks. Pangna disebut kompléks téh sabab teu kalis ku
ngadéngé sorana wungkul tapi ogé meredih konséntrasi anu daria deuih. Tanpa
konséntrasi anu daria, pamohalan urang bisa maham eusi wacana regepan kalawan
hadé. Sajeroning lumangsungna prosés ngaregepkeun, kagiatan mental urang
(paregep) téh bakal aktip milih atawa ngajén informasi anu pinilih. Ku kituna,
paraahli pangajaran ngaregepkeun sapuk tur sapamadegan yén ngaregepkeun téh
mangrupa kagiatan anu sipatna reséptif aktif. Jadi, tétéla ngaregepkeun téh lain prosés
anu gampang. Lantaran dina emprona teu sakabéh jalma atawa siswa bisa jeung
mampuh ngaregepkeun kalayan hadé. Lian ti éta, ngaregepkeun ogé raket patalina
jeung pasipatan sopan atawa henteuna hiji jalma. Sopan henteuna hiji jalma
kadangkala bisa katitén, naha éta jalma boga sikep ngaregepkeun anu hadé atawa
henteu. Jadi, kamahér ngaregepkeun téh gumulung jeung tatakrama sopan santun
sarta ajén intéléktual paregepna. Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda, ngaregepkeun
asalna tina kecap regep nu hartina ngabandungan enya-enya. Ku kituna,
ngaregepkeun mah lain ukur ngadéngékeun sora atawa caritaan, tapi mangrupa hiji
kagiatan anu ngandung maksud pikeun meunangkeun eusi katut maksud caritaan.
Ilaharna ari ngaregepkeun mah sok ti kadeukeutan, sangkan sora atawa caritaan téh
kadéngé kalawan écés tur jéntré. Ku lantaran ngandung tujuan pikeun meunangkeun
hasil tina sora nu kadéngé. Tegesna, ngaregepkeun téh lain sakadar ngarti kana sora
nu kadéngéna wungkul, tapi kudu bari jeung nyangkem kana eusi nu didéngékeunana.
Ku kituna, ngaregepkeun kudu daria sarta dipigawé ti kadeukeutan, sabab pikeun
nangkep informasi anu leuwih hadé mah kudu bari dibantu ku indra séjén, kayaning
paninggal jeung sikep dina mangsa ngaregepkeun.
Aya tilu kamampuh anu baris ngawarnaan prosés ngaregepkeun, nya éta: a)
kamampuh museurkeun panitén, b) kamampuh linguistik, jeung c) kamampuh ngajén
atawa vérifikasi.
Prosés nu kahiji, kamampuhmuseurkeun panitén téh kacida gedé gunana geusan
ngaidéntifikasi sora-sora basa.
Ari nu kadua, kamampuh linguistik gunana pikeun maham;
50
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
sedengkeun nu katilu kamampuh ngajén atawa vérifikasi gunana pikeun nyieun
tinimbangan, nguji sarta matalikeun harti kecap, kalimah, jeung pangalaman batiniah
mangsa lawas paregep.
Tina éta kagiatan téh aya opat tahapan ngaregepkeun, nya éta: a) tahapan mireng, b)
tahapan maham, c) tahapan ngajén, jeung d) tahapan ngaréaksi.
Dina tahapan mireng, aktivitas ngaregepkeun téh lumangsung kalawan teu dihaja, anu
sipatna insidental.
Lamun tahapan maham, lumangsungna kagiatan ngaregepkeun téh mangrupa
aktivitas (prosés) narjamahkeun (interprétasi atawa persépsi). Pemahaman atawa
persépsi téh bisa kacangking ku cara ngawasa kekecapan (babaran kecap) jeung
kalimah; nu di jerona ngawengku: cara nyarita, sora basa, randegan, pasemon, tempat,
jeung ka saha-sahana éta informasi téh tinujuna.
Ari tahapan ngajén (vérifikasi) mah mangrupa kagiatan ngajén informasi ku pirang-
pirang data atawa bukti anu luyu atawa henteuna jeung pangalaman paregep.
Tahapan ngaréaksi lumangsungna mangrupa réspon, sikep, pasemon jeung aktivitas
ragawi, kayaning: nyatujuan, nolak, gogodeg, méré semu, atawa milampah hal-hal
anu perlu sabada ngaregepkeun anu luyu jeung persépsina. Dumasar kana pedaran di
luhur, urang bisa nyindekkeun yén ngaregepkeun téh mangrupa kagiatan anu
kompléks nu sifatna reséptif aktif, meredih konséntrasi anu daria, interprétasi,
persépsi, aprésiasi, évaluasi jeung réaksi. Lian ti éta, prosés ngaregepkeun ogé
meredih kamampuh linguistik, cara ngaregepkeun anu éféktif, sarta kasayagaan
méntal jeung fisik anu prima.
2. Fungsi jeung Mangpaat Ngaregepkeun
Maksud atawa tujuan ngaregepkeun bisa rupa-rupa, gumantung kana sipat jeung
kaayaan. Upama dipasing-pasing mah fungsi atawa mangpaat ngaregepkeun téh bisa
digolongkeun jadi lima rupa:
a) nyangkem informasi;
b) ngumpulkeun data sangkan bisa nyieun kaputusan anu hadé;
c) sangkan bisa ‘ngaréspon’ anu leuwih merenah kana naon anu kadéngé;
d) pikeun hubungan éféktif jeung papada jalma; jeung
e) nangkep eusi atawa caritaan, dina hubungan prosés diajar.
Tegesna, ngaregepkeun téh mangrupa métode pikeun nangkep informasi jeung ma’na
tina pangalaman pangrungu. Pikeun nangkep atawa ngumpulkeun informasi atawa
51
Pendidikan Bahasa Daerah Iin
Nihayatul Hidayah, M.Pd
ngaregepkeun anu hadé, bisa dipangaruhan ku tilu aspék, nya eta (1) persépsi, (2)
intelegensi, jeung (3) mikir.
Nu dimaksud persépsi téh mangrupa fisiologis jeung psikologis dina ningkesna
wincikan-wincikan anu patalina tina data.
Ari intelegensi mangrupa kamampuh nangkep eusi. Gancang atawa kendorna dina
nangkep eusi carita bisa gumantung kana intelegénsi. Upama jalma nu punjul
intelegénsina baris mampuh pikeun matalikeun data nu katangkep jeung data anu
geus dipibanda, sarta mampuh nyieun analisis pikeun nyokot hiji kacindekan.
Lebah aspék mikir sok dipatalikeun jeung pasualan ngaidéntifikasi. Waktu nangkep
informasi dina ngaregepkeun, pikiran téh sok muter, mulak-malik ingétan kana
sakumna data anu geus nyampak. Satutas pikiran téh jalan, tuluy éta data anyar téh
diolah tur dipatalikeun jeung data heubeul. Tina éta prosés téh tuluy jadi ngarti sarta
baris jadi data anyar hasil tina patalina data nu katangkep jeung data anu geus
nyampak.
56