Jambé
Jambé | |
---|---|
Lukisan ti Koehler | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | |
Spésiés: | A. catechu
|
Ngaran binomial | |
Areca catechu |
Jambé; Areca catechii nyaéta sarupaning tuwuhan palem anu tumuwuh di wewengkon Pasifik, Asia sarta Afrika bagian wétan. Jambé ogé mangrupa ngaran buah nu dihasilkeunana anu dijualbeulikeun ku jelema. Rupa-rupa ngaran ieu tuwuhan dumasar wewengkonna ti antarana nyaéta pineung (Acéh), pining (basa Batak Toba), penang (basa Madura), pinang (basa Indonésia jeung Malayu), jambé (basa Sunda jeung Jawa), bua, ua, wua, pua, fua, hua (rupa-rupa basa di Nusa Tenggara jeung Maluku), [1] banda (Bali), rapo (Makassar), hena (Ternate), sarta sagala rupa sebutan séjénna.[2]
Dina basa Inggris ieu tuwuhan dipikawanoh minangka Betel palm atawa Betel nut tree, sarta ngaran ilmiahna nyaéta Areca catechu.
Gabaran
Tangkal lempeng, bisa ngahontal jangkung 25 m kalawan diaméter leuwih kurang 15 cm, sanajan aya ogé anu leuwih badag.
Palapah daun ngawangun silinder kalawan panjang 80 cm, gagang daun pondok; heulayan daun panjangna nepi ka 80 cm, anak daun 85 x 5 cm, jeung tungtungna soéh sarta rérégéan.
Kembang mecenghul sahandapeun daun, panjangna leuwih kurang 75 cm, kalawan gagang nu pondok nyabang rangkep, sumbu tungtung nepi ka panjang 35 cm, kalawan 1 kembang bikang dina puhu, di luhurna réa kembang jalu nu kasusun dina 2 jajar anu nanceb dina alur. Kembang jalu panjangna 4 mm, warnana bodas konéng; benang sari jumlahna 6. Kembang bikang panjangna leuwih kurang 1,5 cm, warnana héjo.
Buah jambé buleud endog tibalik nu manjang, beureum jingga, panjangna 3,5 – 7 cm, kalawan dinding buah anu ngandung tapas (serabut). Sikina 1 sarta bentukna jiga endog, sarta mibanda gambaran kawas kecrik.[3]
Di pulo Jawa, jembé tumuwuh nepi ka jangkungna 1.400 m luhur beungeut laut lbl.
Pamangpaatan
Pinang utamana dipelak pikeun dimangpaatkeun sikina, anu di dunya Barat mah dipikawanoh minangka betel nut. Siki ieu dipikawanoh minangka salah sahiji campuran dina seupahan seureuh, sajaba ti gambir jeung kapur.
Siki jambé ngandung alkaloida, contona kawas arekaina (arecaine) jeung arekolina (arecoline), anu saeutikna boga sipat racun sarta adiktif, bisa ngarangsang uteuk. Sasadiaan simplisia siki jambé di apoték ilahar dipaké pikeun ngubaran kasakit cacingan, utamana pikeun nungkulan cacing pita.[4] Samentara éta, sawatara rupa jambé sikina ngabalukarkeun rasa lieur lamun digayem. Zat séjén anu dikandung ku ieu buah ti antarana arecaidine, arecolidine, guracine (guacine), guvacoline sarta sawatara unsur séjénna.
Sacara tradisional, siki jambé dipaké dina ramuan pikeun ngubaran kasakit diséntri, diaré getih, sarta kudisan. Siki ieu ogé dimangpaatkeun minangka panghasil zat pawarna beureum sarta bahan panyamak.[1]
Akar jambé wanda jambé hideung, di mangsa katukang dipaké minangka bahan racun pikeun nyingkirkeun satru atawa jalma anu henteu dipikaresep. Palapah daun anu kawas silinder dipaké pikeun pamungkus kuéh sarta kadaharan lianna.
Tankal jambé mindeng dijualbeulikeun, utamana di dayeuh-dayeuh badag di pulo Jawa dina nyanghareupan paraya kamerdikaan 17 Agustus, minangka parabot pikeun pasanggiri panjat pinang. Sanajan rada kurang awét, kai jambé anu kolot ogé dimangpaatkeun pikeun bahan pakakas atawa pager. Tangkal jambé kolot anu dibeulah sarta dipiceun tengahna dipaké pikeun nyieun talang atawa parigi cai.
Jambé ogé mindeng dipelak di luar atawa di jero rohangan, minangka tangkal hias atawa ornamén.
Padagangan
Ayeuna siki jambé geus jadi komoditas dagangan. Ékspor ti Indonésia ditujukeun ka nagara-nagara Asia kidul kawas India, Pakistan, Bangladés, atawa Népal. Nagara-nagara pangékspor jambé utama nyaéta Indonésia, Thailand, Malaysia, Singapura, jeung Myanmar.
Siki jambé anu didagangkeun utamana nyaéta anu geus digaringkeun, dina kaayaan gembleng (buleud) atawa dibeulah. Di nagara-nagara importir kasebut siki jambé dikokolakeun jadi sarupaning peremén.
Budaya
Jambé geus kacida lilana jadi bagian kahirupan sapopoé masarakat Indonésia. Réliéf dina Candi Borobudur sarta Candi Sukuh, duanana béda waktu kira-kira dalapan abad, mintonkeun tangkal jambé sacara écés.
Jambé ogé jadi bahan babasan, nyaéta:
Jiga jambé dibeulah dua |
Nyaéta misil anu mindeng dipaké pikeun némbongkeun beungeut atawa laku-lampah anu sarupa.
Kecap (Basa Sunda) jambé ogé dipaké ngaran wewengkon di Sukabumi, Tangerang, Subang, sarta Indramayu.
Rujukan
- ↑ a b Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia, jil. 1. Yay. Sarana Wana Jaya, Jakarta. Kaca 460-465.
- ↑ Crawfurd, John (2017). Sejarah Kepulauan Nusantara: Kajian Budaya, Agama, Politik, Hukum dan Ekonomi 1. Yogyakarta: Penerbit Ombak. p. 287. ISBN 9786022584698.
- ↑ Steenis, CGGJ van. 1981. Flora, untuk sekolah di Indonesia. PT Pradnya Paramita, Jakarta. Kaca 141.
- ↑ Sutrisno, R.B. 1974. Ihtisar Farmakognosi, édisi IV. Pharmascience Pacific, Jakarta. Hal. 155.
Tumbu ka luar
- Plant Cultures: Betelnut botany and history Archived 2008-08-27 di Wayback Machine
- Photos of The fruit of Areca catechu
- Bingbin atawa jambé leuweung
- Sarupaning tangkal jambé
- Christophe, Wiart (January 2006). Medicinal Plants Of The Asia-pacific: Drugs For The Future?. World Scientific. ISBN 9789814480338.