Huni
Huni | |
---|---|
Buah huni anu asak | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Tribus: | |
Subtribus: | |
Génus: | |
Spésiés: | A. bunius
|
Ngaran binomial | |
Antidesma bunius |
Huni nyaéta ngaran tangkal jeung bubuahan, buahna raranggeuyan, gedéna 1 cm, wangunna aya nu buleud aya nu lonjong, warnana hejo saupama asak robah jadi warna ungu semu hideung.[1] Daunna kaasup daun tunggal, bentukna lonjong, panjangna 9–25 cm, sisina rata, tungtung daunna seukeut.[1][2] Warnadaun ngorana hejo ngora, sanggeus kolot robah jadi hejo kolot.[1] Huni sumebar di Asia Tenggara jeung Ustrali, di Jawa tumuwuh liar di leuwung atawa dipelak di buruan imah.[1]
Kandungan
[édit | édit sumber]Huni ngandung gizi jeung fitonutrien anu luhung.[3] Buah huni ngandung vitamin C, provitamin A, vitamin B1, vitamin B2, vitamin E, mineral, zat beusi, fosfor, photasium/kalium, jeung serat.[3] Kulit watang anu rasana kesed ngandung racun alkaloida.[1]
Mangpaat
[édit | édit sumber]Buah huni alus pikeun ngajaga kasehatan panon sabab ngandung vitamin A anu luhung, bisa ngalancarkeun saluran pencernaan tur nyingkahan konstipasi, mangrupa antioksidaan, mangpaat pikeun nyageurkeun deg-degan jantung, anemia, darah tinggi.[3] Rasa buahna anu haseum mangpaat pikeun ngaluduhkeun kesang, ngaleungitkeun racun, ngaleungitkeun haus, sarta ningkatkeun sirkulasi getih.[1] Buah anu asak miboga hasiat pikeun nambahan cai susu indung.[2] Daunna bisa dipaké pikeun nutupan raheut.[2]
Olahan tina huni
[édit | édit sumber]Buah huni biasana dijieun rujak, dijieun sirop , atawa selé.[1] Daunna anu ngora rasana semu haseum bisa dipaké lalab atawa disayur.[1][2]
Referensi
[édit | édit sumber]Tutumbu Kaluar
[édit | édit sumber]- Christophe, Wiart (January 2006). Medicinal Plants Of The Asia-pacific: Drugs For The Future?. World Scientific. ISBN 9789814480338.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |