Lompat ke isi

Pajeg

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Pajeg numutkeun Undang-Undang RI Nomer 28 taun 2007 ngeunaan Parubahan Katilu UU Nomer 6 taun 1983 ngeunaan Katangtuan Umum jeung Tatacara Pamajegan nyaeta pamere nu dikudukeun (wajib) ka nagara nu diitung jadi hutang nu sipatna bisa dipaksakeun ka diri pribadi atawa unit usaha nu didadasaran ku Undang-Undang, anu eta pamere teh henteu ngabalukarkeun ayana pamere/imbalan langsung ti nagara jeung eta pamere nu diwajibkeun teh digunakeun keur kaperluan nagara pikeun kamakmuran nu panghadena ka rahayat.

Tujuan diterapkeun pajeg Numutkeun Kath Ninghtingale dina Pamajegan - Teori jeung Praktek, aya sababaraha tujuan nu jadi cukang dijieun jeung diterapkeun pajeg di hiji nagara, diantarana:

  • 1. Keur ngamodalan barang jeung fasilitas keur umum, balarea (publik)teu ngabedakeun saha-sahana, misalna bae ngamodalan jambatan, pakarang keur perang;
  • 2. Keur ngabagi panghasilan jeung kakayaan ti nu leuwih boboga ka nu teu boga atawa kakurangan;
  • 3. Keur ngadukung karaharjaan sosial jeung ekonomi ka sabagean ti balarea, teu kabeh nampa mangpaatna, misalna bae jaminan kasehatan keur orok, jompo;
  • 4. Jadi alat ngatur (regulasi) keur ngadukung stabilitas ekonomi, ieu tumali jeung kawijakan ekonomi upamana pajeg keur ngatur tingkat inflasi.

Kobong Pajeg Oge ceuk Nightingale pajeg bisa dikobongkeun (klasifikasi) jadi 4 kobong, nyaeta:

  • Numutkeun Dadasar (basis)nu ngawengku: (1) Pajeg Panghasilan - jalma pribadi jeung pausahaan; (2) Pajeg Modal - panambahan modal jeung warisan; (3) Pajeg konsumsi - pajeg panambahan nilai (PPN) jeung bea.
  • Langsung / Teu Langsung, nu hartina yen pajeg langsung teh diterapkeun langsung ka jinisna (jalma/pausahaan) contona bae pajeg panghasilan nu langsung majeg panghasilan atawa pajeg warisan nu langsung majeg warisan. Lamun pajeg teu langsung mah diterapkeunana make perantara nu lajim disebut pihak nu mungut, contona bae pajeg panambahan nilai (PPN).
  • Unit/ad valorem, dimana unit mah pajeg nu pakait jeung volume, jumlah nu dipajegan, sedengkeun ad valorem nangtukeun pajeg ka nilai nu dipajegan, misalna bae panghasilan nepi ka watas A dipajeg 10%, nepi ka wates B dipajeg 15% jst.
  • Distribusi beban pajeg, nyaeta nangtukeun gedena pajeg nu jadi beban, nyaeta: (1) progressive mun tarif pajeg lewih gede, naek terus mun nu dipajeg nilaina naek terus oge; (2) proporsionalmun tarif pajeg gedena saimbang jeung kanaekan nu dipajeg; (3) regressive" mun tarif pajeg turun lamun nu dipajeg naek nilaina (kabalikan ti progressive")

Pajeg di Indonesia Pajeg di Indonesia dibedakeun jadi pajeg pamarentah pusat nu ngawengku saIndonesia. Lain ti eta aya oge pajeg daerah nu dijieun jeung diterapkeun ngan di daerahna sewang-sewangan nu sering disebut retribusi, pajeg pangwangunan daerah.

Pajeg pamarentah pusat aya 3 jinis, nyaeta:

  • Pajeg Panghasilan nu diatur dina UU No. 17 taun 2000 ngeunaan Parubahan Katilu UU No. 7 taun 1983 ngeunaan Pajeg Panghasilan taun 1994
  • Pajeg Panambahan Nilai (PPN) nu diatur dina UU No. 8 taun 1983 ngeunaan PPN jeung Pajeg Panjualan Barang Mewah (PPnBM) sakumaha nu Diubah ku UU No. 11 taun 1994
  • Pajeg Lemah jeung Wangunan

Tempo oge

Pék paluruh émbaran nu leuwih loba ngeunaan Tax ku jalan nyungsi proyék sabaraya Wikipédia
Définisi kamus ti Wiktionary
Buku téks ti Wikibooks
Cutatan ti Wikiquote
Téks sumber ti Wikisource
Gambar jeung média ti Commons
Warta ti Wikinews
Sumber pangajaran ti Wikiversity

Pajeg di rupa-rupa nagara atawa beulahan dunya lianna

Cutatan

1. UU RI Nomer 28 taun 2007 ngeunaan Parubahan Katilu UU RI No. 6 taun 1983 ngeunaan Katangtuan Umum jeung Tatacara Pamajegan (Lembaran Nagara RI taun 2007 Nomer 85 jeung Tambahan Lembaran Nagara Nomer 4740)

2. Pamajegan-Teori jeung Praktek, Kath Nightingale, Financial Times - Prentice Hall, Edisi ka-3, 2000

Tumbu kaluar