Menyan
Menyan nyaét hiji tangkal anu ngahasilkeu bahan pikeun seuseungitan ilaharna ku jalan dibeuleum dina ruhak areng.[1] Menyan dihasilkeun tina tangkal menyan kujalan diturih tangkalna sangkan kaluar geutahna, menyan sok disebut ogé olibanum salaku bahan keur nyieun dupa.[1] Tangkal menyan kagolong keun kana ordo Ebenales tina kulawarga styracaceae sarta genusna styrax. [2] Aya sababaraha jinis tangkal menyan, tapi anu mibanda niléy ékonomi anu luhur ngam opat rupa :
- Menyan durame (Styrax benzoini dryand)
- Menyan bulu (Styrax benzoini dryenhiliferum)
- Menyan toba (Styrax Sumatra)
- Menyan siam ( Styrax tokinensis)[2]
Daérah Anu Ngahasilkeun Menyan
[édit | édit sumber]Menyan pang lobama dihasilkeun ti pulo Sumatra, hususna Sumatera kalér ieu geus sababaraha abad ngahaja melak tangkal menyan. [3]
Daérah Palembang ogé dipiwanoh salaku daérah panghasil menyan anu penting, malahan geus ti jaman karajaan Sriwijaya kénéh nalika abad ka 12 menyan jasi salah sahiji komoditas ékspor.[3]
Di provinsi Jambi jeung Riau masih kénéh ngahasilkeun menyan anu dijual dipasar doméstik sanajan jumlahna beuki ngorotan, lantaran tangkalna beuki ngirangan ka silih ku tangkal karét. [3]
Nyadap Tangkal Menyan
[édit | édit sumber]Tangkal menyan mimiti diturih tina tangkal panghandapna, jarak tempat turihan kana taneuh kurang leuwih dua méter. [3] Dina turihan mimiti ieu, tilu nepika lima tempat anu paanggang bisa diturih kénca, katuhu, tukang, hareup. [3]
Taun hareupna, turihan dijieun kawas turihan ka hiji jarakna dua méter tina turihan saméméhna. Kitu satuluyna nepika tungtung tangkal anu bisa disadap. [3]
Lamun geus luhur tangkal jeung turihanna, tukang nyadap kudu naék kaluhur maké bantuan tali anu meungkeut awakna jeung tangkal menyan.[3] Ieu tali teu sagawayah, teu bisa maké tali tina tambang plastik alatan leueur, tali anu hadé dijieun tina injuk beunang nga gintir anu katelah (tali polang). [3]
Mamgpaat
[édit | édit sumber]Menyan geus rebuan taun dimangpaatkun salaku
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ a b PENYUSUN, TIM (2016). TAHLIL DAN KEMENYANPENYUSUN. Indonesia: Esa pers. p. 8. ISBN - Check
|isbn=
value (bantuan). Disungsi28 Juli 2023 - ↑ a b jati, Ni Komang Sutriyanti, Nyoman (2016). Ensiklopedi Upakarajati, Ni Komang Sutriyanti. Indonésia: Esa pers. p. 297. ISBN 9786235609164. Disungsi28 Juli 2023
- ↑ a b c d e f g h Guillot, Claude (2014). Lobu Tua Sejarah Awal BarusGuillot. Indonésia: Yayasan Pustaka Obor Indonesia. p. 285. ISBN 9789794619087. Disungsi28 Juli 2023
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |