Lompat ke isi

Rakata

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Page Modul:Infobox/styles.css has no content.

Krakatau
Gunung Rakata
Titik pangluhurna
Luhurna813 m (2.667 kaki)
Prominén813 metres (2,667 ft)
Isolasi21.71 kilometres (13.49 mi)
Géografi
Lua error in Modul:Location_map at line 510: Unable to find the specified location map definition: "Module:Location map/data/Indonesia" does not exist.
LokasiSelat Sunda, Bandéra Indonésia Indonesia
Geologi
Jenis gunungKaldera vulkanik
Bitu pangahirnaSabtu, 11 April 2020
Péta Gunung Rakata

Rakata atawa Krakatau nyaéta ngaran gunung nu perenahna aya di selat Sunda.[2] Ieu gunung téh kawentar ka sakuliah dunya alatan sajarah bituna anu kaasup bencana anu kacida rohakana. Ieu gunung bitu dina poé Senén, 27 Agustus 1883. Bituna kalintang rohakana, nepi ka ngabalukarkeun leuwih ti 36.000 urang palastra. Dina sajarah géologi saalam dunya, bituna gunung Rakata kagolong gunung anu pangrohakana kalima. Gunung Rakata jangkungna 2000 métér ti luhur bengeut laut kalayan sabudeureun basisir kawilang 11 Km jeung radius 9 km, tapi sabada bitu, gunung Rakata ngancurkeun nepi ka tilu parapat awak gunung anu ngan nyésakeun tilu pulo badag, nyaéta Pulo sertung, Pulo Rakata jeung Pulo Panjang sarta ngawangun kaldera di tengah-tengah antara éta tilu pulo.[3]

Saméméh taun 1883 aya dua gugusan gunung nu dibéré ngaran Gunung Danan jeung Gunung Perbuatan anu lila kalilaan ngahiji jeung pulo Rakata anu kiwari disebut Gunung Rakata.[3] Dina taun 1880 anu disebut jaman strombolian, aktifitas gunung lumangsung salila sababaraha bulan jeung Gunung Perbuatan anu aktip ngaluarkeun lahar.[3] Sabada période éta euweuh aktivitas nepi ka kajadian bitu dina bulan Mei 1883 anu ngajadikeun bituna gunung ping 27 Agustus 1883.[3] Numutkeun sajarah bituna gunung Rakata ngajadikeun bencana di sababaraha daérah.[3] Saperti ngajadikeun tsunami anu ngarémbét nepi ka hawai, basisir kulon Amerika jeung semenanjung Arabia.[4] Bituna gunung Rakata ngaluarkeun batu badag anu ngajadikeun rusakna alam harita, batu jeung materialna nepi ka Sri lanka, India, Pakistan, Australia jeung Selandia Baru.[4]

Kebul anu dihasilkeun sabada bituna gunung nutupan panonpoé nepi ka dua poé, nu ngajadikeun parobahan iklim global.[4] 40 taun sabada bituna gunung Rakata, kira kira taun 1927 para Pamayang nu keur ngala lauk di Selat Sunda nimu kumpulan haseup anu kandel di antara tilu pulo hasil tina bituna gunung Rakata, tuluy dina ping 29 Désember 1929 kapanggih deui témbok kawah anu mencenghul ka dasar sagara minangka sumber erupsi anu nepi kiwari disebut Gunung Anak Rakata.[3]

Sajumlahing literatur nyatet ngeunaan bijilna Gunung Anak Rakata dina tanggal 11 Juni 1927 nu ditandaan ku ayana aktivitas magma nu bijil ti dasar laut di lokasi kaldéra sawaktu bitu taun 1988.[5] Kakara dina tanggal 11 Juni 1930 Gunung Anak Rakata mucunghul di beungeut cilaut, sarta terus tumuwuh nika kiwari.[5] Harita taun 2000 gé, ieu gunung téh geus nepi kana jangkungna 300 méter di luhureun beungeut cilaut.[5]

Galeri Foto

[édit | édit sumber]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. Dunk, Marcus (2009-07-31). "Will Krakatoa rock the world again?". London: Associated Newspapers Ltd. http://www.dailymail.co.uk/news/worldnews/article-1203028/Fiery-images-killer-volcano-claimed-36-000-lives-stirs-more.html. Diakses pada 2010-01-23 
  2. Pena Cendikia, Tim (2013). Wabana Ips Iluma Pengetahuan Sosial. Jakarta: Yudhistira Ghalia Indonesia. p. 4. ISBN 9789797467111. Diakses tanggal (disungsi – 21 Mei 2020). 
  3. a b c d e f (id)Gunung Rakata[tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 8 Januari 2012)
  4. a b c (id)Kronologi dan dasyatnya letusan gunung Rakata 1883[tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 8 Januari 2012)
  5. a b c Prima, Erwin. "Manusia Prasejarah Lukis Letusan Gunung Berapi di Batu". Tempo. Diakses tanggal 2019-06-07.