Uranus
Uranus (ᮅᮛᮔᮥᮞ᮪; simbol: ) nyaéta Planét panganggangna katujuh ti Panonpoé sanggeus Saturnus, kapanggih taun 1781 ku William Hechell (1738-1782).[1]
Itungan orbit Uranus nyindekeun yén ieu Planét aya anu ngaréwong.[1]
Jarak Uranus jeung Panonpoé nyaéta 2875 juta km.[1]
Uranus mibanda diaméter nepi ka 51.118 km sarta ngabogaan massa 14,54 kali massa Bumi.[1]
Périodeu rotasi Planét ieu téh 17,25 jam, sedengkeun période évolusi nyaéta 84 warsih.[1]
Wangun Planét ieu jiga jeung Bulan nu miboga warna héjo sarta bulao.[1]
Uranus ngabogaan 18 satelit alami, di antarana Ariel, Umbriel, Miranda, Titania, sarta Oberon.[1]
Anu unik ti Uranus nyaéta cara gerakna.[2]
Déngdékna sumbu rotasi Uranus ngahontal 97,7 derajat nu ngajadikeun béda ti Planét-Planét umumna.[2]
Balukarna, salila 84 taun période orbitna hiji sisi Uranus baris aya dina sisi caang salila 42 taun sarta poek di sisi séjénna salila 42 taun.[2]
Ku kituna mistéri beungeut dina sisi séjén Uranus kakara bakal kajawab sanggeus 42 taun.[2]
Taun 1789, William Herscel nempo aya sarupa cingcin di Uranus, tapi éta téh teu kungsi jadi hiji timuan alatan salila 2 abad saterusna can kungsi kasampak ayana cingcin di planét kasebut.[2]
Anyar dina bulan Maret 1977, okultasi béntang SAO 158687 ngungkab ayana lélépén ipis sarta reueuk di Uranus.[2]
Dina taun 1986, waktu Voyager 2 nalungtik leuwih deukeut Uranus, manéhna hasil moto éta cingcin ti jarak anu deukeut.[2]
Tatapina manusa tacan sanggup pikeun ngajugjug ka ditu sarta nyokot potona.[2] lolobana materi di sistem cingcin Uranus aya dina 9 cingcin ipis anu perenahna dina jarak 41000 – 52000 km ti puseur planét.[2]
lolobana ti cingcin Uranus ngabogaan rubak 1 – 10 km, saheulaanan ali epsilon anu aya di bagian luar Uranus nyaéta anu pangrubakna sarta pangeksentrikna.[2]
Cingcin epsilon éta téh aya dina jarak 20 km – 96 km.[2] Partikel nu nyusun cingcin Uranus anu kasampak ti Bumi ngabogaan ukuran anu meh sarua jeung cingcin utama Saturnus nyaéta ~1 cm – 10 m.[2]
Tapi di bagian ali epsilon, susunanana diwangun ti balok-balok es anu ukuranana sababaraha kaki.
Ali epsilon ogé warnana dawuk, kalayan satelit Cordelia sarta Ophelia anu fungsina minangka satelit nu ngumbala pikeun cingcin téa.[2]
Sajaba ti éta di sapanjang 9 cingcin Uranus, ogé aya partikel-partikel kebul lemes anu kadistribusi anggang ngeusian éta cingcin.[2]
Rujukan
[édit | édit sumber]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |